Yogié Suardi Mémét

(dialihkeun ti Yogie Suardi Memet)


Yogié Suardi Mémét (Radén Muhammad Yogié Suardi Mémét) katelah Yogie S. Mémét nyaéta saurang inohong sarta pajuang pituin ti Jawa Barat, Yogié S.M (gumelar di Cirebon, Jawa Barat, 16 Méi 1929 – maot 7 Juni 2007 dina umur 78 taun) ngaréngsékeun sakola di SP3AD (1952), Suslapa, jeung Seskoad.[1] Mangsa jumeneng kénéh anjeunna kungsi ngalungguhan sababaraha jabatan penting di pamaréntahan.[1]

Letnan Jenderal TNI (Purn.) Yogie Suardi Memet
ᮚᮧᮌᮤᮈ ᮞᮥᮃᮁᮓᮤ ᮙᮨᮙᮨᮒ᮪
Potret resmi sebagai Gubernur Jawa Barat (1985)
Gubernur Jawa Barat ka-ke-10
Masa jabatan
22 Mei 1985 – 17 Maret 1993
PrésidénSoeharto
SaméméhnaAang Kunaefi
SanggeusnaR. Nuriana
Menteri Dalam Negeri Indonesia ka-ke-20
Masa jabatan
17 Maret 1993 – 17 Maret 1998
PrésidénSoeharto
SaméméhnaRudini
SanggeusnaR. Hartono
Komandan Jenderal Komando Pasukan Khusus ka-ke-8
Masa jabatan
Mei 1975 – April 1978
PrésidénSoeharto
SaméméhnaWitarmin
SanggeusnaWismoyo Arismunandar
Komando Daerah Militer III/Siliwangi ka-ke-14
Masa jabatan
1978–1983
PrésidénSoeharto
SaméméhnaHimawan Soetanto
SanggeusnaEdi Sudradjat
Katerangan lian
GumelarRaden Mohammad Yogie Suardi Memet
16 Méi 1929
Citakan:Country data Belanda Cirebon, Jawa Barat, Hindia Belanda
Pupus7 Juni 2007 (yuswa 78)
Indonésia Bandung, Indonesia
KabangsaanIndonésia Indonesia
Partéy pulitik25px Golongan Karya (1993–2007)
Pameget/istriEmmy Sariamah
MurangkalihBilly Ibrahim
Danny Iskandar
Alma materAkademi Militer Nasional
PagawéanTNI
AgemanIslam
Pangabdian militér
KasatiaanBandéra Indonésia Indonesia
Layanan/cabang25px TNI Angkatan Darat
Lila ngabdi1945 - 1983
Réngking25px Letnan Jenderal TNI
UnitInfanteri (Kopassandha)

Mangsa jaman révolusi, anjeunna ngagabung jadi tantara pelajar (TP) Batalyon 400, daérah operasina di Cirebon.[1] Nalika nyepeng kalungguhan jadi Komandan Yon 330 Kujang I Siliwangi kapapancénan pikeun numpes gorombolan DI/TII tur nyangkalak Kahar Muzakkar di Sulawesi, gilig patékadanna moal waka mulang lamun tacan kacangkalak pamingpin éta gorombolan.[1][2]

Mangsa pamaréntah orde baru, dina kaping 20 Januari 1998 anjeunna dibarengan ku dua sobatna (Feisal Tanjung jeung Harmoko), ngadeuheus ka Presidén H.M. Suharto seja nepikeun hasil tina panalungtikan ngeunaan kasadiaan rahayat pikeun ngarojong H.M. Suharto ngadeg deui jadi presidén RI periode 1998-2003.[3]

Kasang tukang

Militer jeung Pamaréntahan

Yogie gumelar di Cirebon, 16 Mei 1929 jadi anak kaopat ti 11 dulurna. Yogie gumelar ti pasangan R Memet Bratasuganda jeung Ny . Alniyah[4]. Anjeunna ngajalankeun sababaraha karirna di TNI ku jadi Komandan Jendral Kopassandha (1975-1983) jeung Panglima Daérah Militer VI Siliwangi (1978-1983)[5]. Di taun 1985 nepi 1993, manéhna dipilih jadi Gubernur Jawa Kulon. Saatos jadi gubernur, manéhna dipercanten jadi Menteri Dalam Negeri ti taun 1993-1998. Jabatan akhir anu dipégang manéhna nyaéta anggota Dewan Pertimbangan Agung (1998-2003).

Saanggeus jadi DPA

Saanggeus turun ti jabatan Déwan Pertimbangan Agung, kondisi kasehatanna nurun tur kudu ngalakukeun cuci darah rutin. Kondisi ieu lanjut nepi ka anjeunna tilar dunya di taun 2007.

Tilar dunya

Yogie tilar dunya dina Kamis, 7 Juni 2007 di Rumah Sakit Advent Bandung tabuh 14.15 WIB. Sateuacanna Yogie kungsi kaserang ku kasakit gagal ginjal[6].

Atikan jeung karir

Atikan

  • HIS (1942)
  • SMP (1945)
  • SMA [7](1950)

Karir

Sababaraha kalungguhan penting dina pamarentahan anu kungsi jadi tanggung jawab anjeunna :[2]

  1. Tentara Pelajar Batalyon 400 (1945-1946)
  2. Dan Yon 330 Para Kujang I Bandung (1965-1967) ; Komandan Kodim di Bandung
  3. Kepala Staf Brigade Lintas Udara 17
  4. Komandan Brigade Infanteri 15 Kujang II (1970-1973)
  5. Komandan Jenderal Kopassandha (ayeuna Kopassus (1975-1976)
  6. Panglima Kodam VI/Siliwangi di Bandung
  7. Panglima Komando Wilayah Pertahanan II di Yogyakarta (1983-1985)
  8. Gubernur Jawa Barat (1985-1993)
  9. Menteri Dalam Negeri Kabinet Pemwangunan V (1993-1998)
  10. Anggota Dewan Pertimbangan Agung (1998) [2]

Pangajén ti Pamaréntah

  1. Satya Lencana Perang Kemerdekaan I dan II
  2. Bintang Kartika Eka Phaksi Nararya
  3. Satya Lencana Gerakan Operasi Militer I-VI
  4. Satya Lencana PBB Garuda VI .[1]

Tempo ogé

  1. Mohamad Sanusi Hardjadinata
  2. Aang Kunaéfi Kartawiria
  3. Ukar Bratakusumah
  4. Mashudi
  5. Ahmad Héryawan

Dicutat tina