7 Juni

1
2345678
9101112131415
16171819202122
23242526272829
30 
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

7 Juni nyaéta poé ka-158 dina sataun (ka-159 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 207 poé.

Kajadian

  • 1494 - Dumasar Pajangjian Tordésillas, Spanyol mikawasa bagéan kulon gurat wates kalangkang Dunya Anyar sedengkeun Portugis mikawasa bagéan wétan.
  • 1654 – Louis XIV diistrénan jadi Raja Perancis.
  • 1692 - Lini marcapada badag ngancurkeun Port Royal, Jamaika, nyababkeun 2/3 bagéan ti kotana titeuleum ka Laut Karibia.
  • 1837 - Nébula NGC 6334 kapanggih ku John Herschel di Tanjung Harapan.
  • 1971 - Soyuz 11 badarat di stasion luar angkasa Salyut 1, jadi misi munggaran nu ngahasil badarat di stasion luar angkasa.
  • 1993 - Komisi Nasional Hak Asasi Manusia diresmikeun di Indonésia.
  • 1994 - Sajarah Internet di Indonésia: Randy Bush ti Portland, Orégon, Amérika Sarikat milampah ping munggaran ka Indonésia, nyaéta IPTEKNET nu satuluyna dilaporkeun ka sobatna di Natonal Science Foundation (NSF) Amérika Sarikat. Ieu prosés di dokuméntasikeun di nsrc.org. Dina laporan sambungan IP munggaran Indonésia ti IPTEKNET mangrupa leased line 64 Kbps merlukeun waktu ping kira 750ms ti Amérika Sarikat.
  • 1999 - Indonésia ngalaksanakeun pamilihan umum munggaran dina éra réformasi sanggeus 32 taun di handap pamaréntahan Ordeu Anyar Présidén Suharto. Pamilu nu diiluan ku 48 partéy téh dimeunangkeun ku Partéy Démokrasi Indonésia Pajuangan.
  • 2001 - Piagam pabentukan Organisasi pikeun Démokrasi jeung Pangwangunan Ékonomi ditandatanganan ku lima nagara urut Uni Soviét: Géorgia, Ukraina, Uzbékistan, Azérbaijan, jeung Moldova.
  • 2008 - Bubukaan Euro 2008.
  • 2017 – Serangan bom maéhan manéh narajang parlemén Iran jeung adegan makam Ayatollah Khomeini nelasan 12 jalma, minangka serangan munggaran ISIS ka Iran.

Nu babar

  • 1940 – Tom Jones [Thomas John Woodward], tukang ngawih Wales
  • 1942Muammar Khadafi, pupuhu Libya (td. 2011)
  • 1952 – Liam Neeson, aktor Amérika-Irlandia
  • 1955 – William Forsythe, aktor Amérika
  • 1958 – Prince, tukang ngawih Amérika (td. 2016)
  • 1959 – Mike Pence, wakil présidén AS ka-48
  • 1965 – Mick Foley, tukang gulat Amérika
  • 1967 – Dave Navarro, gitaris Amérika (RHCP)
  • 1970 – Cafu, pamaén bola Brasil
  • 1975 – Allen Iverson, pamaén baskét Amérika
  • 1980 – Ed Moses, atlét ngojay Amérika
  • 1981 – Anna Kournikova, atlét ténes Rusia
  • 1990 – Iggy Azalea, rapper Australia
  • 1990 – Allison Schmitt, atlét ngojay Amérika
  • 1991 – Emily Ratajkowski, modél Amérika kalahiran Inggris
  • 1993 – Park Ji-yeon, tukang ngawih, pamaén drama Koréa Kidul

Nu pupus

1954 – Alan Turing, matématikawan Inggris (l. 1912)

2015 – Christopher Lee, aktor Inggris (l. 1922)

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar