19 Séptémber

1234567
891011121314
15161718192021
22232425262728
2930 
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

19 Séptémber nyaéta poé ka-262 dina sataun (ka-263 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 103 poé.

Kajadian

  • 335 – Flavius Dalmatius diistrenan jadi Raja Roma ku emangna Konstantin Agung.
  • 634 – Pangepungan Damaskus: Khalid bin Walid ngarebut Damaskus ti Karajaan Byzantium.
  • 1356 – Patempuran Poiters: Pasukan Inggris pimpinan Edward si Pangeran Hideung, ngéléhkeun pasukan Perancis sarta nawan Raja John II.
  • 1881 – Présidén AS James A. Garfield maot alatan tatu balas témbakan tanggal 2 Juli.
  • 1945 - Insidén Yamato di Surabaya, bandéra Walanda saluhureun Hotél Yamato disoéhkeun nu biruna jadi bandéra merah putih.
  • 1946 – Majelis Eropa diadegkeun.
  • 1983 – Santa Kitts jeung Nevis merdeka ti Inggris Raya.
  • 1989 – Bom ngancurkeun pasawat UTA 772 nu keur ngapung saluhureun Gurun Tùnùrù, Nigeria, niwaskeun kabéh 170 panumpang jeung kru.
  • 1991 – Ötzi si Manusa Es katimu di Pagunungan Alpen lebah wates Italia Austria.
  • 2006 – Kudeta militer Thailand. Konstitusi ditarik diganti ku undang-undang darurat.

Nu babar

  • 1551 – Raja Henry III, Raja Perancis 1574-1589, Château de Fontainebleau, Perancis.
  • 1749 – Jean Baptiste Joseph Delambre, matématikawan jeung astronom Perancis (td. 1822)
  • 1948 – Jeremy Irons, aktor Inggris
  • 1958 – Lita Ford, Lady Rocker Amérika, London, Inggris.
  • 1963 – David Seaman, kiper Inggris
  • 1969 – Kosta Tszyu, tukang tinju Soviét – Ustrali, Serov, Uni Soviét.
  • 1974 – Jimmy Fallon, komédian, palawak Amérika, Brooklyn, New York, AS.
  • 1985Song Joong-ki, aktor Koréa Kidul

Nu pupus

  • 1881 – James A. Garfield, 40 taun, Présidén AS ka-20, Elberon, New Jersey AS.
  • 2008 – Ronny Pattinasarani, 59 taun, manten pamaén sepakbola nasional Indonésia, Jakarta.
  • 2015 – Jackie Collins, 77 taun, novelis Inggris, Beverly Hills, California, AS.

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar