Nu ngamuk di Dawson College, Montreal, némbakan para siswa, ngabalukarkeun dua urang palastra (kaasup nu ngamukna), sarta 20 urang tatu (CBC).
Imam Zulqarnain Sakandar Madni, ajengan Norwégia, nuduh Pamaréntah AS salaku dalang serangan 11 Séptémber sarta ngaragukeun ayana Usamah bin Ladin, dumasar dokuméntér onlineLoose Change. Dina jawaban resmina, Kadutaan AS di Oslo malik nuduh Ajengan Madni geus "nyebarkeun béja bohong pikeun ngilungan téroris". Mohammad Hamdan, pamingpin Konsulat Islam di Norwégia, nyebutkeun yén pamanggih Madni kudu ditilik tina kontéksna, sahingga teu penting "saha nu di satukangeunana, tapi kumaha urang bisa merangan térorisme sahingga bisa hirup tingtrim" Aftenposten.
Rapat Taunan IMF & Bang Dunya 2006 dibuka di Singapura (CNA).
Kelompok protéstan anti pamaréntah di Budapést, Hungaria jadi buringhas, sanggeusna Perdana Mentri Ferenc Gyurcsány ngaku yén partéyna geus curang pikeun meunangkeun pamilu. Nu démo ngaruksak kantor pusat televisi pamaréntah Hungaria sarta meupeuskeun panto hareup. Stasion siarannana direbut. Maranéhannana kakara bubar sanggeus pulisi migunakeun gas cai panon ka nu ngalakukeun karusuhan. Isukna, jalan-jalan mulai tenang sarta PM jangji bakal tetep di kantorna, sarta bakal nyanghareupan sagala kamungkinan kahareupna. (Reuters)(HVG)
Di Ankara Salasa, démonstran ménta Mentri Kahakiman sangkan nangkep Paus nalika kadatangannana di Turki. (AP via Yahoo! News)
Pamingpin kup militér di Muangtai, Jendral Sonthi Boonyaratglin, ngadéklarasikeun yén perdana mentri sipil anyar bakal ditunjuk dina waktu dua minggu deui pikeun ngagantikeun Thaksin Shinawatra nu léngsér. {BBC)
Protés 2006 di Hungaria:
Peuting kadua karusuhan di Budapést ngakibatkeun 60 urang tatu sarta nyababkeun ditangkepna 100 urang tahanan nalika pulisi béntrok jeung démonstran nalika marénta léngsérna Perdana Mentri Ferenc Gyurcsány. (Reuters)
Memorial services diayakeun di Kebon Bintang Australia di Beerwah, Queensland, Australia, keur "The Crocodile Hunter" Steve Irwin. (ABC Australia)
Mehmet Ali Agca, nu kungsi némbak Paus Yohanes Paulus II dina taun 1981, ngaliwatan pangacarana méré paringetan ka Paus Benediktus XVI supaya ngabatalkeun rencana kunjungannana ka Turki Novémber engké, sabab nyawana mungkin kaancam. (Sydney Morning Herald)
Richard Hammond dikaluarkeun tina parawatan inténsif sanggeus tabrakan serieus nalika nyieun film Top Gear. Hammond geus didaptar stabil. Dokter masih ngamonitor perkembangannana.
Karusuhan kajadian di Sulawesi Tengah, Indonésia, sanggeusna éksekusi tilu militan nu dituduh salah dina nyokot bagéan waktu nyerang asrama sakola. (Reuters)
Prototip karéta api magnétis Transrapid Maglév tabrakan di Emsland, Jérman, nu niwaskeun sababaraha urang sarta natuan saeutikna dua puluh urang séjénna. (BBC)(Deutsch Welle)
New York Times ngabocorkeun kasimpulan ti National Intelligence Estimate Amérika Sarikat yén Perang Irak geus ngakibatkeun leuwih ruwetna masalah térorisme (The New York Times)(BBC News)
Lalaki bersenjata nu teu dikenal maténi Safia Ama Jan kapala departemén istri Kandahar. (BBC)
Saddam Husséin balik deui ka pasidangan di Bagdad pikeun nyanghareupan tuduhan pamusnahan urang Kurdi dina ahir 1980-an. Tim pangacarana ngaboikot acara alatan campur leungeunna pamaréntah Irak. (Reuters via Tiscali)(Reuters)
Komisi Éropa negeskeun yén Bulgaria jeung Rumania bakal ngahiji jeung Uni Éropa dina 1 Januari2007, nu meureun bakal jadi panglegaan UÉ pungkasan saméméh diadegkeunnana undang-undang dasar Éropa. (BBC)
Prosés nyieun undang-undang di Déwan Amérika Sarikat geus réngsé sarta Sénat méré kawenangan ka Présidén Bush keur nahan, nanya sarta ngadilan heula tahanan térorisme saméméh komisi militér. (San Francisco Examiner)
Prosési pemakaman Kaisar Istri Maria Fyodorovna di Russia diayakeun di Kapél di Péterhof. (Interfax)
Partéy Démokrat Amérika Sarikat ngadesek pamaréntahan Bush pikeun ngaluarkeun laporan lengkep patali jeung konflik Irak sarta térorisme global. (BBC)
Kaisar Maria Fyodorovna ti Rusia dimakamkeun di Peter and Paul Cathedral di Saint Petersburg, deukeuteun carogéna, Alexander III of Russia. (BBC)
Radio Israél ngalaporkeun yén Perdana Mentri Israéll Ehud Olmert tumutur yén anjeunna boga rencana pikeun manggihan Présidén Paléstina Mahmoud Abbas dina sababaraha poé ka hareup. (Sydney Morning Herald)
Présenter Top Gear Richard Hammond geus ninggalkeun Leeds General Infirmary pindah ka rumah sakit tertutup deukeuteun imahna keur mulihkeun kaayaannana sanggeus kacilakaan nalika nyieun film minggu ka tukang. (News Limited/AFP)