Situasi kaamanan di Poso, Sulawesi Tengah, beuki panas nyusul éksekusi pati Tibo Cs. Polri nurunkeun sakitar 2.400 anggota Brimob ka wilayah éta. (poskota)
Brigjen Marinir Purn. Eric Watulo spk. nu dituduh nyusupkeun pakarang ka kelompok Macan Tamil di Sri Langka, mimiti nyanghareupan sidang idéntifikasi nu lumangsung di Guam, AS(pikiran-rakyat)
Numutkeun Pupuhu Dinas Kaséhatan Kalsel, Rosehan di Banjarmasin, penderita ISPA alatan halimun haseup terus ningkat nepi ka 4,5 persen (kompas)
Kadatangan Mentri Sosial nu ngalongok korban leutak panas Lapindo Brantas di Porong, Sidoarjo, Jawa Timur dibagéakeun ku démo 15 urang korban nu nolak lamun leutak dipiceun ka sagara (detik)
56 warga ti lima désa di Kac. Cibiuk, Garut, kaserang panyakit muntah bérak (muntabér) sapanjang Senén peuting jeung Salasa (2-3/10). Dua urang diantarana maot, sanggeus ngalaman utah ngising. (pikiran-rakyat)
Viktor Khristenko, Mentri Industri jeung Énérgi Rusia, sarta Baktykozha Izmukhambetov, Mentri Énérgi jeung Sumberdaya Mineral Kazakh, nawis perjangjian antarpamaréntah pikeun nyieun joint venture keur mrosés gas ti lapangan Karachaganak di Kazakhstan Kulon. Présidén Rusia Vladimir Putin nyarios yén persetujuan éta mangrupa solusi keur "masalah énérgi antara dua nagara, kaasup keur Éropa Kulon." (Interfax)
Dua urang Turki nu ngabajak maskapai penerbangan Turki ahirna masrahkeun manéh ka pulisi Itali jam 2:15 WIB. Maranéhna kungsi ménta dihampura heula ka panumpang saméméh masrahkeun diri. (detik)
Urang Amérika Roger Kornberg meunang Hadiah Nobel dina Kimia taun 2006 keur kiprahna dina ngajelaskeun prosés penting ngopi gén dina sél, hiji panalungtikan nu bisa méré kaweruh kana panyakit saperti kanker jeung panyakit ati. (Boston Globe)
NATO ngalegaan misi kaamanannana ka sakuliah Afganistan, kalayan mawa komando leuwih ti 13,000 tentara AS di béh wétan nagara ieu. (CNN)
Otoritas Muangtai nyokot léngkah keur ngayakeun sawala perdaméan jeung dua kelompok pemberontak Muslim, Patani United Liberation Organisation (PULO) jeung Bersatu, nu ngalawan pamaréntah di propinsi kidul Muangtai nu mayoritasna Muslim. (News Limited)
Minangka buntut tina ragragna pesawat Brasil, otoritas Brasil nahan dua urang pilotAS nu mawa pesawat jét bisnis Embraer Legacy 600 nu dina kajadian harita pasénggol jeung Boeing 737-800 bogana GOL tanggal 29 Séptémber katukang. (detik)
Kahuruan di Jl Krendang Barat RT 12/04, Tambora, Jakarta Barat niwaskeun 3 urang. Dua korban hirup dirawat inténsif. 16 imah kahuruan dina kajadian ieu. (detik)
Ahirna bangsa Indonésia bisa leupas tina hutang ka IMF (Dana Moneter Internasional). Pamaréntah jeung Bang Indonésia (BI) geus papanggih jeung pajabat IMF keur nyawalakeun ngeunaan dilunasannana sésa hutang poko ditambah bunga USD 3,2 miliar atawa kurang leuwih Rp 29,4 triliun. (jawapos)
Nepi ka H-3 Lebaran, tikét KA kelas bisnis jeung éksekutif di Stasion Gambir geus ludes. Malahan mah karéta Gajayana tujuan Malang geus béak ti saprak H-11 (detik)
Agén Warta Pusat Koréa Koréa Kalér ngalaporkeun yén nagrana geus ngujicoba pakarang nuklir munggarannana. Pamicuan ieu nyabbkeun kajadian séismik nu diukur di sakuliah dunya.(AP)(Adelaide Now)
Sony Pictures Home Entertainment siap-siap ngaluarkeun DVD nu formatna Blu-ray dual-layer 50 GB. Tilu film nu formatna Blu-ray siap digolontorkeun ka pasaran. Film komédi panganyarna nu judulna Click (judul film) bakal dikaluarkeun pangmimitina 10 Oktober, disusul ku Black Hawk Down ping 14 Novémber sarta Talladega Nights: The Ballad of Ricky Bobby ping 12 Désémber 2006. (detikinet)
Atlantic Airways BAe 146 séwaan selip di landasan pacu Bandara Stord di Norwégia, niwaskeun 3 urang. (BBC News)
Hélikopter AC-119K ragrag di Gunung Egon, Mauméré, NTT. Héli jeung 5 panumpangna tacan kanyahoan kumaha kaayaannana nepi ka jam 22.00 Wita. (detik)
Saeutikna salapan urang tiwas nyusul tabrakan karéta api di Perancis beulah wétan kalér. (BBC)
Ujicoba nuklir Koréa Kalér 2006
Pihak resmi Koréa Kalér nu aya di Béijing nyarita ka agén warta Yonhap yén "Lamun sakabéh sangsi diterapkeun, kami bakal nganggep éta minangka pernyataan perang". (News Limited)
Kim Yong-nam, pamingpin nomer dua di Koréa Kalér, nyarita ka agén warta Jepang Kyodo yén Koréa Kalér bakal moal boga pilihan salian ti nyokot léngkah fisik lamun Amérika Sarikat neruskeun nyatujuan sikep permusuhannana ngeunaan hal éta. (ABC Australia/AFP)
Salasahiji laporan PBB ngumumkeun yén panyiksaan ka budak geus "sumebar lega tur ditolérir" di loba bagéan di sakuliah dunya. Laporan misah badan amal Save the Children negeskeun yén leuwih ti sayuta barudak di dunya aya di bui. (BBC)
Laporan Auditor-GeneralSelandia Anyar ngeunaan dana pamilu 2005 geus dikaluarkeun. NZ$1.17 yuta dolar geus dipaké sacara teu sah ku tujuh partéy salila pamilu, leuwih ti satengahna dipaké ku Partéy Buruh. Partéy Buruh buru-buru ngajangjikeun pikeun mayar deui duit nu geus dipaké. (NZ Herald)
Para pagawé mulai ngabongkar hiji rohangan imah sakola Amish di Nickel Mines, Pennsylvania nu mana di dinya téh lima urang mojang ditémbak nepi ka palastra sarta lima urang séjénna ditatuan. (AP via Stamford Advocate)
Urang Bangladésh Muhammad Yunus sareng Grameen Bank ngéngingkeun Hadiah Perdaméyan Nobel kanggo jasana ngaronjatkeun perkembangan ékonomi sareng sosial kaom miskin. (Bloomberg)
Ujicoba nuklir Koréa Kalér 2006
Amérika Sarikat ngarojong voting ngeunaan résolusi PBB nu bakal ngémbargo sarta ngabekukeun dana Koréa Kalér alatan program nuklir jeung misil balistik Koréa Kalér, sanajan meunang oposisi ti Républik Rahayat Cina, nu miboga hak véto. (Reuters)
Gubernur Afganistan ampir keuna bom nalika diserang waktu rék indit digawé. Hiji bom keuna kana mobil konvoi panghareupna. Gubernur lolos tina pati, tapi salah saurang kolégana tiwas. (detik)
Pangeusi Amérika Sarikat nepi ka 300,000,000 dina jam 07:46 ET (11:46 UTC). (CNN)
Koréa Kalér nyarita yén PBB sacara éféktif geus nyatakeun perang ka nagara éta lamun nerapkeun sangsi kana ujicoba nuklir Koréa Kalér. (AP via CBS)
Militér Fiji ngaluarkeun ultimatum ka pamaréntah pikeun ngeureunkeun undang-undang nu bakal méré amnésti ka pupuhu kudéta 2000, atawa lamun henteu kudu eureun tina jabatannana. (SMH)
Nissan Motor Co. mulai narik leuwih ti 130,000 kandaraan sacara global kaasup 80,000 siki di Amérika Kalér ku sabab masalah konci panyeuneuan defect. (ABC News America)
Perdana mentri Éthiopia Meles Zenawi nyarios ka parlemén réhna anjeunna parantos ngintun palatih militér kanggo ngabantos pamaréntah perjoangan Somalia, tapi tampa nyebarkeun kakuatan perang. (AP via Houston Chronicle)
ExxonMobil Corp., pausahaan minyak panggedéna di dunya, nyebutkeun yén pemasukan bersihna dina kuartal katilu naék jadi USD $10.5 miliar ti $9.92 miliar alatan naékna harga minyak atah. Ieu mangrupa diarikna kauntungan kuartal pangluhurna kadua keur pausahaan Amérika Sarikat. (Bloomberg)