Amorphophallus titanum

Kembang Bangke Raksasa
Status konservasi
Status konservasi: Kaancam punah
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Alismatales
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
A. titanum
Ngaran binomial
Amorphophallus titanum
(Becc.) Becc. ex Arcang

Kembang bangké baksaksa atawa suweg raksaksa (Amorphophallus titanum) nyaéta salah sahiji spésiés tutuwuhan tina génus Amorphopallus.[1] Titan arum mangrupa flora éndemik Pulo Sumatera, sumebar utamana di daérah Bengkulu jeung lampung jeung asup kana kategori rentan (vulnerable) dina daftar beureum IUCN.[2]Kahadéan titan arum nyaéta bisa ngahsilkeun tumuwuh kembang pangbadagna; nu pangbadagna dilaporkeun geus nepi ka 3,5 méter.[3]. Kembang ieu teu datang unggal mangsa, ngan nalika datang mangsana ieu tutuwuhan bakal ngahasilkeun kembang mekar nu spéktakulér.[4]

Deskripsi Kembang

Sanajan ukuran kembang bangké (Amorphophallus titanum) leuwih gedé ti batan kembang Rafflesia arnoldii, kembang bangké lain kembang panggedéna, lantaran sabenerna ieu kembang diwangun tina rébuan kembang leutik nu tumueuh dina batang nu sarua.[1] Kembang bangké lain kembang tunggal, ngan asup kana jenis kembang majemuk (inflorescence).[1] Bagian ngajulang (tongkol atawa spadix) dina ieu kembang sabenerna diwangun tina koloni kembang leutik.[1] Sanajan sarua pada bau bangké, kembang bangké béda jeung rafflesia, boh dina klasifikasi biologis, warna, cara hirup jeung siklus hirupna.[1]

Ekologi jeung Habitat

Kembang bangké umumna mangrupa tutuwuhan has dataran handap nu tumuwuh di daérah iklim tropis atawa subtropis ti kawasan Afrika Kulon nepi ka Kapuloan Pasifik, kaasup Indonésia.[1] Kembang titan arum bisa kapanggihdi habitat leuweung tropis di Sumatera, hususna dina luhur antara 120 nepi ka 365 méter di luhur laut.[1]

Tempo Oge

Referensi