Babasaran

Babasaran
Buah babasaran asak di tangkal
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
Angiospermae
(unranked):
Eudikotil
(unranked):
Rosidae
Ordo:
Rosales
Kulawarga:
Moraceae
Tribus:
Moreae[1]
Génus:
Morus

Species

See text.

Babasaran (Morus indica); mulberry tree nyaéta hiji tangkal anu asalna ti kulawarga moraceae genusna morus, spesies aslina datang ti Asia.[2][3] Babasaran bisa hirup dina sagala iklim Tropis 24-29°c, pH taneuh 5.0-9.0, kalawan cukup mibanda irigasi pikeun kaperluan nyébor.[4]

Jangkung tangkalna bisa nepika 10 méter, mimiti dipelak tangkalna gancang sirungan tur ngagedéan.[4] Dauna héjo, tungtungna rérégéan, panjang cupatna kurang leuwih sapuluh cénti.[4] Buahna ngumpul dina sacupat, laleutik kawas endog kéong, panjangna 2-3cénti.[4] Kelirna héjo mangsa keur ngora, tuluy robah jadi beureum semu beureum ati mangsa geus asak atawa kolot ieu buahna ogé bisa didahar.[4]

Melakeun tangkal babasaran mah kawilang énténg, dahan penang nigas tiban dicecebkeun kana taneuh jerona kurang leuwih sajeungkal, tara kungsi lila sok geuwat bijil sirung.[4] Loba ngahaja dipelak pikeun pager hirup atawa wates taneuh. Daun babasaran geus loba dimangpaatkeun pikeun rupa-rupa ubar jeung kosmetik.[5]

Mangpaat

  1. Diimangpaatkeun pikeun ngubaran diabetes[6]
  2. Dauna beunang ngabebek dimangpaatkeun pikeun antioksidan, alatan mibanda phenolic sarta metanol[7]
  3. Mangrupa parab pikeun maraban hileud sutra.[8]

Dicutat tina