Bujur nodeu naék

Bujur nodeu naék (☊ atawa Ω) nyaéta salah sahiji élemen orbit nu dipaké pikeun nangtukeun orbit hiji banda di angkasa. Bujur nodeu naék mangrupa juru ti arah référénsi nu disebut asal bujur nojo ka arah nodeu naék nu diukur dina widang référénsi.[1] Widang référénsi jeung asal bujur nu mindeng dipaké ngawengku:

  • Pikeun orbit géoséntris, widang katulistiwa Marcapada nyaéta widang référénsi, sarta Titik Munggaran Aries nyaéta asal bujur. Dina ieu pekara, bujur ogé disebut asénsio rékta nodeu naék, atawa RAAN (right ascension of the ascending node). Ieu juru diukur ka wétan (atawa mun diilik ti kalér, lalawanan arah jarum jam) ti Titik Munggaran Aries nepi ka éta nodeu.[2][3]
  • Pikeun orbit hélioséntris, ékliptika nyaéta widang référénsi, sarta Titik Munggaran Aries nyaéta awal bujur. Juru diukur lalawanan arah jarum jam (mun diilik ti kalér ékliptika) ti Titik Munggaran Aries nepi ka éta nodeu.[2]
  • Pikeun orbit di luar Surya Mandala, widang nu ngaliwatan gurat tegep utama nojo ka gurat nu ngaliwatan panilik sarta gurat utama (disebut widang langit) nyaéta widang référénsi, jeung kalér, nyaéta proyéksi tegep lempeng arah ti panilik nepi ka Kutub Banda Langit Kalér nojo ka widang langit nyaéta asal bujur. Juru diukur ka wétan (atawa mun diilik ku panilik mah, lalawanan arah jarum jam) ti kalér nepi ka éta nodeu.[4], pp. 40, 72, 137; [5], chap. 17.
Bujur nodeu naék.

Dina perkara béntang binér nu ngan bisa kapiwanoh ku cara panalingaan visual, teu mumkin pikeun nangtukeun nodeu mana nu naék jeung nurun. Ku kituna, paraméter orbit nu kacatet nyaéta bujur nodeu, Ω, nyaéta bujur nu nodeu-na mibanda bujur antara 0 jeung 180 darajat.[5], chap. 17;[4], p. 72.

Iitungan ti véktor angger

Dina astrodinamika bujur nodeu naék bisa diukur ti véktor moméntum juru rélatif spésifik h saperti kieu:

Di dieu, n=(nx, ny, nz) nyaéta véktor nu nyanghareup ka nodeu naék. Widang référénsina dianggap minangka widang-xy, jeung asal bujur dianggap minangka sumbu-x positif. k nyaéta véktor satuan (0, 0, 1), nyaéta véktor normal kana widang référénsi xy.

Pikeun orbit non-inklinasi (jeung inklinasi nol), Ω teu didéfinisikeun. Pikeun iitunganna, Ω sarua jeung nol; hartina, nodeu naék téh ditempatkeun di arah référénsi, sarua jeung ngantep titik n nyanghareup ka sumbu-x positif.

Tempo ogé

  • Orbit Képler
  • Ekuinoks
  • Nodeu orbit

Rujukan