Céléng

Babi céléng
Temporal range: Pleistocene awal – Sekarang
Status konservasi

Least Concern  (IUCN 3.1)[1]
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Chordata
Kelas:
Mammalia
Ordo:
Artiodactyla
Kulawarga:
Suidae
Génus:
Sus
Spésiés:
S. scrofa
Ngaran binomial
Sus scrofa
céléng bikangna di India
anak céléng keur nyusu

Céléng; sus barbatur ilahar disebut babi liar atawa babi leuweung nyaéta sato anu asalna tina kulawarga suidae.[3]Didaérah Priangan katelahna bagong atawa begu.[3] Ieu sato mibanda kamampuan, katahanan dina kalumangsungan hirupna ku lantaran éta IUCN ngagolongkeun ieu sato kana sasatoan anu leutik resiko dina kalumangsungan hirupna.[3] Loba kapangih di leuweung-leuweung Eropa Tengah, Mediterania (kaasup gunung sabudeureun Afrika Tengah) lolobana di wilayah Asia kalér di Indonésia. Ieu sato kaasup kulawarga Suidae anu ngawengku warthog reujeung bushpig di Afrika, babi kerdil di kiduleun India, dan babirusa di Indonésia.[4]


Babi jalu déwasa ukurana badag; beratna bisa nepikeunka 200 kg (400 pound) mibanda panjang awakna 1,8 m (6 kaki). Babi céléng di Indonesia panjang awakna 1.500 mm, panjang ceulina 200–300 mm, ogé jangkung taktakna 600–750 mm[3].[4]

Kabiasaan

Dina mangsa kaparengan manggih kareuwas jeung ngarasa kaancam, dumadakan jadi rancingeus atawa agresif.[3] Komo deui anu bikang keur ngajaga anak-anakna. Lamun seug diserang tangtuna baris ngalawan ngagunakeun sihungna anu nolol kaluar dina sela-sela babangusna.[3]

Foto rupa-rupa céléng

Dicutat tina