Leuweung

Leuweung atawa Wana hartina wewengkon nu miboga tatangkalan nu loba, biasana mangrupa bentukan alami dina jangka waktu nu kaitung lila (sahanteuna puluhan/ratusan taun).[1][2]Komunitas tatangkalan (vegetasi) ieu nutupan wewengkon nu lega tempat nyerep karbon dioksida, habitat sasatoan, modulator aliran hidrologis, jeung panahan taneuh, nu mangrupa salah sahiji aspék pangpentingna dina biosfir urang.[3]

Leuweung Tropis nu aya di Gunung Slamet

Panganteur

Leuweung bisa kapanggih di mana waé nu bisa miara tumuwuhna tatangkalan, iwal wewengkon nu mindeng teuing ngalaman kahuruan (alami), atawa di wewengkon nu lingkunganana geus kasilih ku prosés alami séjénna atawa ku manusa. Leuweung bisa ngandung rupa-rupa spésiés tatangkalan dina wilayah anu heureut (misalna di leuweung tropis), bisa ogé ngawengku wilayah anu lega tapi ukur boga sababaraha rupa spésiés (rada homogén, misalna taiga jeung leuweung konifér). Nya sacara umum mah, leuweung nu didominasi ku angiospermae sok beunghar spésiés-spésiésna, sedengkeun nu didominasi ku gymnospermae mah teu pati. Leuweung ilaharna mah jadi panyicingan rupa-rupa spésiés sato jeung tutuwuhan, nu mibanda biomassa per unit legana leuwih luhur batan tipe vegetasi lian. Biomassa ieu lolobana tumuwuh di jero taneuh, dina sistim akar (di antarana salaku hasil dekomposisi). salah sahiji komponén kai nyaéta lignin, nu alon pisan dekomposisina batan bahan organik lianna samodél selulosa atawa karbohidrat.

Leuweung di Slovénia.

Bioma-bioma leuweuh nu utama di antarana:

  • leuweung hujan (tropis jeung sedeng)
  • taiga
  • temperate hardwood forest
  • leuweung garing tropis

Klasifikasi

Leuweung Pineus

Leuweung bisa digolongkeun ku cara nu béda-béda, di antarana dumasar bioma.

  • Leuweung boréal nu nempatan zona subarctic nu umumna dieusi ku tatangkalan daun-jarum. Zona sedeng ngarojong boh leuweung deciduous (misalna leuweung deciduous sedeng) jeung leuweung evergreen (misalna leuweung hujan sedeng).
  • Leuweung tropis jeung subtropis, kaasup leuweung hujan tropis, leuweung baseuh tropis sarta leuweung garing tropis.
  • Fisiognomi ngagolongkeun leuweung dumasar struktur fisik atawa hambalan-hambalan tumuwuhna.
  • Leuweung bisa ogé digolongkeun leuwih husus dumasar tatangkalan nu dominan.

Ngokolakeun leuweung

Ngulik leuweung sacara ilmiah disebutna ékologi leuweung, sedengkeun ngokolakeun leuweung katelahna kaleuweungan (? huahua... kehutanan, forestry), nu mimindengna ditujukeun kana ékstraksi sumberdaya nu sifatna sustainable, mayeng. Para ahli ékologi leuweung museurkeun kana pola jeung prosés leuweung, nu tujuana pikeun ngagali hubungan sabab-balukar. Ana para ahli kehutanan, fokusna téh kana ékstraksi ngala kai jeung silviculture, kaasup régenerasi jeung prosés tumuwuhna tangkal.

Leuweung bisa rusak alatan dituaran, kahuruan, hujan asam, hérbivora, jeung kasakit. Utamana di Indonésia, karuksakan leuweung téh lolobana alatan dibukbak diala kaina, dikonversi jadi lahan tani, kebon kalapa sawit, padumukan jalma, jeung industri bari teu kakontrol, nu antukna, balukarna, jadi mamala pikeun urang urang kénéh.

Baca ogé

Leuweung di Pulo San Juan, Washington.

Umum

  • Biosfir
  • Suksési ékologis
  • Sakola Leuweung
  • Tangkal
  • Leuweung hujan
  • Leuweung tutupan
  • vegetasi

Kagiatan nu patali jeung leuweung

  • Deforestasi
  • Rékayasa leuweung
  • Réforestasi

Leuweung dumasar nagara

  • Leuweung di Indonésia
  • Leuweung di Swédia
  • Leuweung di Inggris
  • Leuweung Nasional AS

Béréndélan

  • Daptar leuweung

Sumber rujukan

  • Forest, Wikipédia édisi basa Inggris per 19 Oktober 2005

Dicutat tina