Caah

Caah mangrupa kajadian surupna daratan (anu biasana garing) alatan jumlah cai anu ngaronjat.[1]Caah bisa lumangsung alatan mudalna cai anu kaleuleuwihan di hiji tempat alatan hujan gedé, mudalna cai walungan, atawa mudalna situ atawa waduk.[1][2]Di wewengkon anu gersang, taneuhna miboga daya serapan cai anu goréng, atawa jumlah curah hujan ngaleuwihan pangabisa taneuh pikeun nyerepan cai. [1]Sabot hujan turun, anu sakapeung lumangsung nyaéta caah ujug-ujug anu dibalukarkeun kaeusina saluran cai anu garing ku cai. [1]Caah sarupaning ieu disebut caah rongkah.[1]Aya dua faktor parobahan naha caah lumangsung nyaéta

  1. parobahan lingkungan di mana di jerona aya parobahan iklim, parobahan geomorfologi, parobahan géologi sarta parobahan tata rohang. [3]
  2. parobahan ti masarakat éta sorangan.[3]
caah di Jakarta

Hujan mangrupa faktor utama cukang lantaran caah. [3]Parobahan iklim ngabalukarkeun pola hujan robah di mana ayeuna hujan anu lumangsung miboga waktu anu pondok tapi sering. [3]Alatan kaayaan ieu saluran-saluran cai anu aya henteu sanggup deui nandéan rosana aliran permukaan sarta taneuh-taneuh gancang ngalaman penjenuhan .[3]

Rujukan