Gothenburg

Gothenburg (Basa Swédia: Göteborg ) /jœte'bɔrj/) nyaéta salah sahiji kota jeung munisipalitas di propinsi Västergötland di basisir kulon Swédia. Taun 2006, pangeusina aya 490,000 di kotana tur 879,000 di wewengkon métropolitan, ngajadikeun Gothenburg jadi kota kadua panggedéna di Swédia, sanggeus Stockholm. Gothenburg ogé mangrupa kota universitas.

Gothenburg
(Göteborg)
Coat of arms of Gothenburg
Lambang
Lokasi Gothenburg di Éropa Kalér
Lokasi Gothenburg di Éropa Kalér
Lokasi Gothenburg di Éropa Kalér
Koordinat: 57°42′N 11°58′E
NagaraSwédia
CountyCounty Västra Götaland
PropinsiVästergötland
Piagem1621
Pamaréntahan
 - WalikotaGöran Johansson
Area  
 - Kota450 km²  (174 sq mi)
 - Cai14,5 km² (5,6 sq mi)  3.2%
 - Urban199 km² (77 sq mi)
 - Metro3.717 km² (1.435 sq mi)
Populasi (2006)
 - Kota487.627
 - Kapadetan1.083/km² (2.807/sq mi)
 - Urban495.849
 - Kapadetan Urban2.491/km² (6.439/sq mi)
 - Metro884.401
 - Kapadetan Metro238/km² (616/sq mi)
Zona wanciCET (UTC+1)
 - (DST) Usum PanasCEST (UTC+2)
Loka: www.goteborg.se

Ku ayana Göta Älv nu ngamuara ka Kattegat, walungan ieu ngabagi Gothenburg jadi dua bagian, kalayan beulah luhureun walungannana ngajadi pulo Hisingen. Teluk leutik Göta Älv kacida cocogna jadi palabuan, tur Gothenburg geus ngalegaan palbuannana jadi nu panggedéna di antara nagara-nagara Nordik.

Pulitik jeung pamaréntahan

Munisipalitas Gothenburg di County Västra Götaland di Swédia

Borough

Munisipalitas dibagi jadi 21 borough, nu tanggung jawab kana layanan sakola primér, social, kasenangan, jeung budaya di sajeroeun wewengkonna. Dina pamilu 1998 tilu borough -- Askim, Torslanda jeung Älvsborg—ngayakeun référéndum lokal keurn nyieun munisipalitas sorangan, tapi petisi ieu ditolak ku Pamaréntah Swédia.

Borough

  • Askim
  • Backa
  • Bergsjön
  • Biskopsgården
  • Centrum (kota nu ramé)
  • Frölunda
  • Gunnared
  • Härlanda
  • Högsbo
  • Kortedala
  • Kärra-Rödbo
  • Linnéstaden
  • Lundby
  • Lärjedalen
  • Majorna
  • Styrsö
  • Torslanda
  • Tuve-Säve
  • Tynnered
  • Älvsborg
  • Örgryte

Kerjasama internasional

Kerjasama jeung Kota Port Elizabeth di Afrika Kidul (ngadeg 1998) nyaéta kerjasama ngawangun lapangan umum nu menarik saperti manajemen runtah, perpustakaa, olahraga jeung pariwisata.

Galeri gambar

Gambar-gambar wangunan jeung tempat disebutkeun dina téks

Tempo ogé

  • East Indiaman Götheborg
  • Protés nalika KTT UÉ di Gothenburg 2001
  • Métropolitan Gothenburg
  • Daptar jalma nu patali jeung Gothenburg

Tumbu kaluar

   Tempo ogé Gothenburg di Wikivoyage

Citakan:Geolinks-cityscale

Catetan jeung rujukan


Citakan:Boroughs GothenburgCitakan:County Västra Götaland


Gothenburg nyaéta salasahiji tina 134 kota kalayan Status kota di Swédia nu bersejarah.