International Telecommunication Union

International Telecommunication Union (ITU; basa Perancis: Union internationale des télécommunications, basa Spanyol: Unión Internacional de Telecomunicaciones, basa Cina: 國際電信聯盟; basa Rusia:Международный союз электросвязи; basa Arab:الاتحاد الدولي للاتصالات) ngarupakeun paguyuban telekomunikasi internasional anu diadegkeun pikeun ngabakukeun tur ngatur hal-hal anu patali jeung radio katut telekomunikasi. Ieu organisasi awalna diadegkeun kalawan ngaran International Telegraph Union di Paris dina tanggal 17 Méi, 1865. Tugas utamana kaasup standardisasi, alokasi spéktrum frékuénsi radio, sarta ngaorganisir kesepakatan interkonéksi antara nagara-nagara di dunya pikeun ngamungkinkeun komunikasi telepon sacara internasional. ITU ngarupakeun salasahiji badan husus tina Pasarikatan Bangsa-bangsa (PBB), sarta boga markas di Jenéwa, Swiss.

International Telecommunication Union

Bandera ITU
Ngadeg:17 Mei 1865
Markas:Jenewa, Swiss
Kaanggotaan:PBB
Bahasa Resmi:Basa Perancis, Basa Inggris, Basa Spanyol, Basa Rusia, Basa Arab, Basa Cina
Sekertaris Jénderal:Hamadoun Touré
Ramatloka:http://www.itu.int

Komposisi

ITU diwangun ku tilu séktor:

  • Séktor Standardisasi Telekomunikasi (ITU-T), anu sekertariatna nyaéta Biro Standardisasi Telekomunikasi (atawa Telecommunication Standardization Bureau anu disingket TSB), anu saméméh taun 1992 dipikawanoh sabagé International Telephone and Telegraph Consultative Committee atawa CCITT (tina basa Perancis "Comité consultatif international téléphonique et télégraphique");
  • Séktor Komunikasi Radio, anu sekertariatna nyaéta Biro Komunikasi Radio (atawa Radiocommunication Bureau anu disingket BR), anu saméméh taun 1992 ngaranna téh International Radio Consultative Committee atawa CCIR (tina basa Perancis Comité consultatif international des radiocommunications);
  • Séktor Pangwangunan Telekomunikasi, anu sekertariatna nyaéta Biro Pangwangunan Telekomunikasi atawa (Telecommunication Development Bureau anu disingket BDT), diadegkeun dina taun 1992.

Hiji Sekertariat Jénderal, anu dipingpin ku saurang Sekertaris Jénderal, ngokolakeun gawé sapopoé ieu organisasi katut séktor-séktorna.

Kapamimgpinan

ITU dipingpin ku saurang Sekertaris Jénderal, anu dipilih ku nagara-nagara anggota dina konferéensi plénopoténsiéri pikeun ngajabat salila opat taun.

Dina Konferénsi Plénipoténsiéri ka-17, taun 2006, di Antalya, Turki, nagara-nagara anggota ITU milih Dr. Hamadoun Touré ti Mali salaku Sekertaris Jénderal ieu paguyuban.[1]

Standar

Monumén di Bern, Swiss. Tinulis: "Union Télégraphique Internationale fondée à Paris en 1865 sur l'initiative du gouvernement français. Érigé par décision de l'Union Télégraphique prise à la conférence internationale de Lisbonne en 1908." (Dina basa Sunda: "Paguyuban Telegraf Internasional diadegkeun di Paris dina taun 1865 dumasar prakarsa pamaréntah Perancis. Monumén ieu diadegkeun dumasar kaputusan Paguyuban Telegraf anu dijieun dina konferénsi internasional di Lisbon dina taun 1908.")

.

Standar internasional anu dihasilkeun ku ITU disebut "Rékoméndasi" (aksara mimiti ditulis dina aksara gedé pikeun ngabédakeun tina harti rékoméndasi anu ilahar). Lantaran umurna geus kolot sarta statusna sabagé badan husus Pasarikatan Bangsa Bangsa (PBB), standar-standar anu dikaluarkeun ku ITU boga pangakuan resmi kalayan darajat anu leuwih luhur dibandingkeun kalolobaan organisasi panghasil standar lianna.

Digital Opportunity Index

ITU geus nyieun Digital Opportunity Index (atawa DOI) sabagé hiji alat pikeun ngukur masarakat informasi. DOI ngarupakeun hiji indéks gabungan dumasar kana 11 indikator utama ICT. DOI disahkeun dina World Summit on the Information Society[2] dina jero Agenda Tunisia (paragraf 117) salaku alat pikeun ngagambarkeun digital opportunity sadunya.

Para Anggota

nagara-nagara anggota ITU

Kagiatan ITU dipigawé ku para anggota. Salaku bagian tina struktur Pasarikatan Bangsa Bangsa, hiji nagara bisa jadi anggota; dina hal ieu disebut sabagé Nagara Anggota. Pausahaan-pausahaan katut organisasi-organisasi nu sarupa bisa mibanda kelas-kelas kaanggotaan kalayan status Anggota Séktor atawa Mitra. Ti mimiti bulan Séptémber 2007 aya 191 Nagara Anggota sarta leuwih ti 700 Anggota Séktor katut Mitra.[3]

Kaanggotaan Séktor katut Mitra ngamungkinkeun pausahaan ulubiung langsung dina ngawangun hiji standar (hal anu henteu diwenangkeun dina sababaraha badan standar lianna saperti ISO, di mana hak suara dina balloting (bahasa Indonesi: pemungutan suara) anu resmi ngarupakeun hak nagara anggota lain pihak lianna; pausahaan-pausahaan ngan bisa milu aub sacara henteu langsung ngaliwatan delegasi nasional. Bagian-bagian ITU ogé mulasara liaison relationships jeung organisasi-organisasi lianna.

Para anggota ITU nyaéta ampir kabéh para anggota PBB. Ngan Palau katut Timor Timur anu henteu milu ulubiung. Unsur-unsur liana anu henteu boga wakil di ITU nyaéta Otorita Palestina sarta Taiwan, sanajan kituOtoritas Palestina dibéré status panitén tanpa hak voting [4].

Panglawungan

ITU mutuskeun sagala hal, ku cara ngalibetkeun nagara anggota katut organisasi swasta, ngaliwatan panglawungan working party, panglawungan study group, panglawungan régional, sarta panglawungan internasional.

Conto-conto

Stamp
  • World Radiocommunication Conference (WRC)
  • World administrative radio conferences (WARC)
  • Regional Radiocommunication Conferences (RRC)

Gempungan tingkatan sadunya ngeunaan Masarakat Informasi

 Artikel utama: World Summit on the Information Society.

ITU ngarupakeun paguyuban anu pangheulana ngokolakeun gempungan tingkatan sadunya ngeunaan masarakat informasi (WSIS)[5], hiji gempungan PBB anu dimaksudkeun pikeun ngaleungitkeun atawa ngurangan kesenjangan digital sarta ngarobahna kana digital opportunity pikeun sakabéh umat manusa. WSIS nyadiakeun forum dina téma-téma ICT atawa TIK (Téknologi Komunikasi jeung Informasi) pikeun pangwangunan, ngalibetkeun kabéh pamangku kapentingan - pamaréntah, organisasi-organisasi internasional, masarakat madani sarta dunya usaha. WSIS ngarupakeun hiji sumpah pikeun ngalaksanakeun pangwangunan kalayan manusa salaku titik beuratna - pikeun ngawujudna masarakat anu boga oriéntasi kana informasi. Téma-téma gedé lianna nyaéta Internét governance jeung mekanisme finansial pikeun nohonan tantangan TIK pikeun pangwangunan.

Gagasan pikeun ngayakeun WSIS datang ti présidén Tunisia, Bén Ali, dina konferénsi Plénipoténsiéri di Minnéapolis dina taun 1998. Prosésna diawalan dina ahir taun 2002 ku prakarsa Kofi Annan. Fase kahiji gempungan WSIS lumangsung dina bulan Désémber 2003 di Jenéwa sarta fase kadua sakaligus pamungkas lumangsung di Tunisia dina bulan Nopémber 2005.

Tempo ogé

Gambar:Union Internationale des Télécommunications, Genéve.jpg
ITU headquarters, Geneva
  • ITU defines the future of mobile communications
  • ITU Telecommunication Standardization Sector (ITU-T)
  • ITU Radiocommunication Sector (ITU-R)
  • ITU Telecommunication Development Sector (ITU-D)
  • ITU-T Recommendations
  • ITU-R Recommendations
  • UIT X.509
  • Inter-American Telecommunication Commission (CITEL)
  • Working Group on Internet Governance (WGIG)

Citakan:UN portal

Cutatan

ITU headquarters, Geneva

Tumbu luar

Citakan:United Nations