Kasintu

Kasintu (Inggris : junglefowl)
Kasintu jalu
Kasintu bikang
Status konservasi

Least Concern  (IUCN 3.1)[1]
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Chordata
Kelas:
Aves
Ordo:
Galliformes
Kulawarga:
Phasianidae
Subfamili:
Phasianinae
Génus:
Gallus
Spésiés:
G. gallus
Ngaran binomial
Gallus gallus
(Linnaeus, 1758)
Tempat hirup kasintu

Kasintu; basa Latina (Gallus gallus) nyaéta hayam leuweung anu hirup di daérah tropical asalna tina kulawarga ''Phasianidae''.Kasintu dipercaya mangrupa karuhun atawa bibit buitna tina hayam leuweung hawuk jeung anu kiwari loba di ingu/dipiara, kalawan geus ngarandapan sabaraha parobahan tina kelir jeung wanda buluna.[2] Kasintu geus dikukut/diingu sina baranahan pikeun diarah daging jeung endogna sahenteuna geus lima rébu taun anu kaliwat dimimitian di Asia, ti wangkid harita kasintu ngarekahan ka sakuliah dunya.[3]

Tempat hirup

Kasintu kapanggih hirup liar ti mimiti Tamil Nadu, India kalér (di wewengkon ieu kasintu geus pacampur katurunana jeung hayam asli ieu wewengkon), kitu ogé ka lebah kidulna China nepika Malaysia, Singapura, Philipina tur Indonésia. Ieu hayam ogé kapireungeuh hirup di pulo Hawai, kaasup di jerona Kauai, pulo Christmas , Vanuatu, jeung Mariana Islands.

Kasintu diunggal daérah mibanda katurunan (subspecies of Gallus gallus), tayalian :

  • G. g. gallus – ti daérah Indochina
  • G. g. bankiva – ti daérah Jawa
  • G. g. jabouillei – ti daérah Vietnam
  • G. g. murghi – ti daérah India
  • G. g. spadiceus – ti daérah Burma
  • G. g. domesticus – (hayam domestik/pituin geus maneuh)

Ciri mandiri

Kasintu anu jalu pangawakan leuwih badag ti batan bikangna. Jawér saluhureun huluna panjang rérégéan kawas ragaji mibanda kurang leuwih lima bagian anu maréncos kelirna beureum, kulit pipi handapeun ceulina katutup ku bagéan anu bodas kawas apu/wedak sagedé tapak jempol, bulu dina beuheungna gomplok ngabulen kawas simbut kelirna beurem hinyay ngagurilap semu konéng, buntutna mibanda kurang leuwih 20 bulu seseg kelirna hideung hinyay semu bulao, mangsa katojo panonpoé. Bijil tina tungir panjangna lima ramoan sawaréhna (aya dua) mencenghul kaluar melengkung ukuranna leuwih panjang 2 nepika 3 kali panjang bulu buntut anu séjéna, sisit cékérna abu-abu/hawuk mibanda siih anu méncos tur seukeut, bulu dina puhu ping-ping hideung hinyay semu bulao, Bulu jangjang kelirna beureum kaselang ku kelir hideung kawas soléndang.

Kasintu bikang pangawakan leuwih leutik jawérna pondok méh méhan henteu katempo, buluna carambang hawuk dina palebah beuheungna kaselang jeung kelir konéng, lolondokan méh teu katempo mangsa keur aya dina jujukutan atawa luhureun kalakay anu murag, buntutna pondok kurang leuwih lima ramo, pamatuk jeung irungna hawuk semu hideung.

Mangsana begér kasintu remen kadéngé kongkorongok ngageroan bikangna.[4] Kongkorongok ogé mangrupa tanggara pikeun kasintu lian sangkan ngajauhan éta daérah ku sabab mangrupa kakawasaana, lamun henteu nyingkah tur pasarandog geus bisa dipastikeun bakal ngadon diadu.[5][6]

Kabiasaan sapopoé

Bikang
Jalu

Kasintu jaluna ngoréhan hakaneun, di mana geus manggih geuwat disada keketok ngageroan bikangna .[7] Mangsa bikangna geus nyamperkeun geuwat hakaneun dipacok deui tuluy dipuragkeun deui hareupeun bikangna, bikangna tuluy ngahakan éta paméré jaluna, jaluna teu eureun disada bari ngurilingan bikangna tur mébérkeun jangjangna sabeulah, minangkana ngahelaran ka éta bikang..[8] Sabot kitu kasintu jaluna tetep waspada sok gentak curinghak bari jeung disada keketok méré tangara ka kasintu séjén mangsa aya bahaya [9] Kasintu jalu anu kieu dipikaresep ku kasintu bikang[10]

Kasintu kasebut sato ''omnivora'' sagigireun ngahakan sisikian anu kapanggih ogé ngahakan sabangsaning simeut, cacing, hileud jeung sajabana[11]

Kasintu kalan-kalan ngupuk (mandi maké taneuh kebul atawa keusik) ieu maksudna nyingkahkeun kutu jeung kokotor anu nyelap dina sela-sela buluna.[12]

Kasintu mah henteu hiber jauh, sapopoé hirup luhureun taneuh bari nyiar hakaneun, sakapeungna hiber henteu jauh ngan saukur ngahontal dahan anu deukeut paragi eunteup nyingkahan bahaya ogé mangsana datang peuting hiber kana dahan sangkan aman tina bahaya tempona mareuting.

Gambaran kasintu jalu jeung bikang

Sajarah

Sajeroning taun 2012 geus diréngsékeun hiji panalungtikan kana DNA mitokondria tina hiji conto tulang kuno ti sabaraha tempat : Eropa, Chili, ogé tina galian situs kolonial Spanyol di Florida jeung Republik dominika, ieu panalungtikan meunang hiji kacindekan yén kasintu baheulana bisa waé aya anu ngingu/ngukut sanajan sababaraha panalungtikan nyebutkeun cenah meureun tina kasintu tapi béda spesiesna sahenteuna dina taun 7.400 anu geus kaliwat. Panalungtikan ieu ogé ngajentrékeun deui yén dina taun 5.400 SM anu kaliwat geus di mangpaatkeun pikeun hayam inguan ieu dumasar kana galian situs di Chishan provinsi hebei Cina. Sanajan kitu, ieu masih jadi padungdengan para élmuwan ngeunaan kasintu/hayam anu dikukut ku manusa[3]

Asal muasal

Tilu genus anu béda — kasintu Sri Lanka(Gallus lafayetii), Kasintu hawuk (Gallus sonneratii), Kasintu héjo (Gallus varius)— kanyahoan henteu bisa dihibridasi/kawin silang, ku lantaran ngahasilkeun kasintu anu bajir/mandul, ku alatan kitu bisa dicokot kacindekan maranéhna mangrupa karuhun/bibit buit tina hayam anu kiwari loba dikukut.[2] A culturally significant hybrid between the red junglefowl and the green junglefowl in Indonésia is known as the bekisar.

Kasintu jaluna keur kongkorongok di luhureun tangkal

Kahirupan kasintu mimiti nyanghareupan ancaman daria tayalian baris (tumpur) ku lantaran mahabuna hibridisasi/kawin silang spesies hayam pikeun dikukut dina ukuran anu kacida lobana[13][14][15][16][17][18][19][20][21][22][23]

Dicutat tina

Tutumbu kaluar