Kukuyaan

Kukuyaan
Coccinella septempunctata
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Coleoptera
Subordo:
Polyphaga
Infraordo:
Cucujiformia
Superfamili:
Cucujoidea
Kulawarga:
Coccinellidae

Latreille, 1807
Subfamili

Chilocorinae
Coccidulinae
Coccinellinae
Epilachninae
Scymininae
Sticholotidinae
jsb.baca daptar genera Coccinellidae

Kukuyaan mangrupa insékta leutik anggota Coccinellidae kulawarga bangbung, nu ngawengku leuwih ti 4.500 spésiés. Awak kukuyaan bentukna buleud, kalawan diaméter ukur 1 - 10 mm, ilaharna boga warna karapas dasar konéng, oranyeu, atawa beureum ditambah tutul hideung, sedengkeun suku jeung huluna mah hideung.

Biologi

Kukuyaan boga kelir caang pikeun ngusir prédator. Cara ieu téh jétu pisan, sabab prédator nyangka yén nu kelirna caang kitu mah biasana aya racunan.

Mangpaat komersil

Kukuyaan téh nguntungkeun pikeun tatanén organik, sabab lolobana inséktivora, ngahakanan apid, laleur buah, sarta insékta hama lianna.

Rujukan

  • Coccinellidae, Wikipédia édisi basa Inggris (13 Juni 2006)
  • I. Hodek & A. Honek, Ecology of Coccinellidae (Dordrecht: Kluwer, 1996)
  • Perry, J.C., and B.D. Roitberg. In press. "Ladybird mothers mitigate offspring starvation risk by laying trophic eggs". Behavioral Ecology and Sociobiology.

Tumbu kaluar