Lauk

Lauk atawa lauk cai mangrupa vertebrata poikilotermik (getih tiis) nu hirup di jero cai maké insang. Di dunya, lauk kabagi jadi leuwih ti 27 rébu spésiés, nepi ka jadi golongan vertebrata nu loba rupana. Sacara taksonomis, lauk téh mangrupa hiji kelompok parafilétik nu hubungan di antarana paling mindeng dipadungdengkeun; babagian nu umum mah nyaéta jadi lauk tanpa rahang (kelas Agnatha, 75 spésiés kaasup belut jeung hagfish), lauk kartilagus (kelas Chondrichthyes, aya 800 spésiés, kaasup hiu), sarta sésana dina kelas lauk ipis (Osteichthyes).

Héring Atlantik, Clupea harengus: spésiés lauk panglobana di sakuliah dunya.

Lauk téh mangrupa golongan sato anu ukuran awakna rupa-rupa pisan: ti hiu anu 16 m nepi ka impun anu ukur 2 cm, malah loba kénéh anu ukuranana leuwih leutik ti impun.

Ékologi

Urang bisa manggihan lauk ampir di sakabéh awak cai anu badag, boh di darat anu jerona ukur puluhan sénti nepi ka sagara anu jerona rébuan méter.

Klasifikasi

Lauk mah ngabentuk kelompok parafilétik: sakabéh kumpulan (clade) nu ngandung lauk salawasna ngandung ogé tétrapoda nu lain lauk. Lauk digolongkeun kana sababaraha kelompok utama:

  • Conodonta
  • Hyperoartia
    • Petromyzontidae (lamprey)
  • Pteraspidomorphi (lauk tanpa rahang kuna)
  • Thelodonti
  • Anaspida
  • Cephalaspidomorphi (lauk tanpa rahang kuna)
    • Galeaspida
    • Pituriaspida
    • Osteostraci
  • Gnathostomata (jawed vertebrates)
    • Placodermi
    • Chondrichthyes (cartilaginous fish)
    • Acanthodii
    • Osteichthyes (bony fish)
      • Actinopterygii (ray-finned fish)
      • Sarcopterygii (lobe-finned fish)
        • Actinistia (coelacanths)
        • Dipnoi (lungfish)

Pikeun klasifikasi anu leuwih lengkep, mangga tingal artikel vertebrata.

Baca ogé

  • Sato
  • Akuarium
  • Lauk sagara jero
  • Anatomi lauk
  • Migrasi lauk
  • Nguseup
  • Ihtiologi (ulikan ngeunaan lauk)
  • Daptar kulawarga lauk
  • Daptar ngaran umum lauk
  • Ostrakoderma - lauk munggaran
  • Lauk prasajarah

Tumbu kaluar

Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris.
Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun.