Pandémi koronavirus 2019 di Koréa Kidul

Pandémi koronavirus 2019 di Koréa Kidul mimiti kapanggih di tanggal 20 Januari 2020, nalika hiji wanoja 35 taun anu asalna ti Kota Wuhan, Propinsi Hubei, Tiongkok kapanggih di Bandar Udara Internasional Incheon eukeur dina kaayaan rieut.[1][2][3]

Pandémi koronavirus 2019 di Koréa Kidul
Sasalad koronavirus di Koréa Kidul ti waktu ka waktu (ti tanggal 20 Januari 2020).
 
  Jumlah kasus (eksponensial)██ Poé teu kaasup dina peta██ Poé kaasup dina peta██ Poé terahir kaasup dina peta
PanyakitCOVID-19
Galur VirusSARS-CoV-2
LokasiKoréa Kidul
Kasus munggaranBandara Internasional Incheon
Tanggal mimiti aya20 Januari 2020
AsalWuhan, Hubei, Republik Rahayat Tiongkok
Kasus kakonfirmasi13,373
Kasus dicurigai22,950
Kasus pulih12,144
Tilar dunya
288
Situs web resmi
ncov.mohw.go.kr/en
Kasus anu dicurigai acan kakonfirmasi ku sabab galur ieu eukeur ditalungtik di laboratorium. Babaraha galur lianna mungkin geus dicegah.

Per tanggal 4 Méi 2020, kacatet geus aya 10.801 kasus positip, 252 kasus tilar dunya, sarta 9.217 urang anu geus cageur.[4][5] Perséntaseu anu cageur di nagara ieu 85%, sedengkeun anu tilar dunya nyaéta 2,33%.[6]

Koréa Kidul nyaéta salah sahiji nagara anu kawilang suksés dina ngendalikeun ieu pandémi.[7][8][9] Ieu kabuktian ku jumlah kasus anyar anu ka dieunakeun beuki ngurangan, malahan di tanggal 30 April 2020, Koréa Kidul nyatet euweuh kasus anyar dina poé éta hiji-hiji acan.[10][11][12][13] Pamaréntah Koréa Kidul henteu ngalumakukeun kawijakan lockdown atawa karantina wewengkon.[14] Sanajan kitu, pamaréntah ngalakukeun tés massal pikeun wargana, palacakan anu sigap, parawatan pasén, sarta transparansi data anu bisa ngawangun kapercayaan publik. Salian ti éta, sanksi atawa denda ogé lumaku pikeun anu nolak dités sarta anu nolak dikarantina.[15][16][17]

Mimiti

Mimitina, hiji wanoja 35 taun warga nagara Tiongkok ti Wuhan, ka Bandara Internasional Incheon, 19 Januari 2020. Saenggeus kapanggih boga gejala demam, manéhanana langsung diisolasi. Tuluy jelema-jelema anu kungsi kontak jeung manéhna, kaasup kru pasawat, langsung diinvéstigasi.[1][2][3][18]

Manéhna ngeluh rarieut, sarta nyeri otot nalika di Wuhan di tanggal 18 Januari, sarta inisiatip ka rumah sakit satempat, di dinya, manéhna didiagnosis flu. Tuluy isukanana pas manéhna ka Koréa Kidul, suhu badanna 38,3 darajat Célcius, tuluy diisolasi di rumah sakit sarta dités Reverse Transcriptase-Polymerase Chain Reaction (PT-PCR) di laboratorium, tungtungna hasil tés éta nunjukkeun yén manéhna positip beunang virus korona.[19]

Manéhna dilaporkeun teu kungsi ka pasar, utamana pasar sasatoan liar di Wuhan, anu disebut-sebut jadi tempat mimiti sumebarna virus di kota éta.[19]

Sumebarna virus

Ieu virus geus sumebar di sakabéh propinsi jeung kota satingkat propinsi di Koreá Kidul.[20] Salila ieu, kasus anu panglobana aya di Kota Daégu, disebut-sebut ku sabab Sékté Garéja Shincheonji anu keukeuh ngayakeun kebaktian di tengah situasi pamaréntah anu nerapkeun kawijakan social distancing, anu matak ieu virus téréh nyebar ka para jamaahna.[21]

Data jumlah kasus virus korona per tanggal 4 Méi 2020[20]
PropinsiJumlah kasusPropinsiJumlah kasus
Kota Daégu6.856Gyeongsang Kidul117
Gyeongsang Kalér1.366Kota Incheon96
Gyeonggi681Gangwon53
Kota Seoul637Kota Séjong46
Chungcheong Kidul143Chungcheong Kalér45
Kota Busan138

Dampak

Kawijakan social distancing

Koréa Kidul nyaéta hiji ti babaraha nagara anu teu ngalumakukeun kawijakan lockdown atawa karantina wewengkon, tapi ngalumakukeun kawijakan social distancing atawa pangwatesan sosial pikeun wargana. Ieu kawijakan lumaku per tanggal 22 Maret 2020, sarta di tanggal 4 April, ieu kawijakan diperpanjang salila dua minggu ka hareup lantaran dianggap éféktif pikeun nurunkeun jumlah kasus virus korona di Koréa Kidul nepi ka 70 persén.[22][23][24]

Tuluy ti tanggal 6 Méi, Pamaréntah Koréa Kidul naglogorkeun kawijakan pangwatesan sosial, ku lantaran jumlah kasus anu geus nurun sarta geus bisa dikendalikeun. Taman, pabukon, jeung sakola[25] bakal dibuka sacara bertahap, sarta kagiatan bisnis di fasilitas publik bakal diijinkeun deui sacara bertahap. Sanajan kitu, warga dipépélingan pikeun ngajalankeun imbauan ngeunaan COVID-19 sapopoéna.[26][27][28][29][30]

Ékonomi

Ku sabab ayana ieu sasalad, ékonomi Koréa Kidul beunang imbasna. Lemahna ékonomi ku sabab paméntaan konsumén jeung ékspor anu nurun. Di périodeu Januari-Maret 2020, ékonomi Koréa Kidul nyusut 1,4 persén dibanding kuartal kaopat 2019 numutkeun Bank of Korea. Paméntaan konsumén turun 6,4 persén, sedengkeun ékspor turun 2 persén.[31] Di kuartal kahiji 2020, ékonomi Koréa Kidul ngan tumuwuh 1,3 persén.[32]

Tingali ogé

  • Pandémi
  • Pandémi koronavirus 2019
  • COVID-19

Rujukan