Si Kaléci Biru


Si Kaléci Biru (The Blue Marble) nyaéta hiji potograf Marcapada nu dijieun 7 Désémber 1972 ku awak wahana antariksa Apollo 17 ti kaanggangan 29000 km[1]. Salajengna, ieu ngaran dilarapkeun ku NASA pikeun kumpulan data gambar nu ngawengku sakujur jagat dina résolusi anu hadé.

Marcapada katempo ku awak Apollo 17 nu ngumbara ka Bulan, némbongkeun Laut Méditerania nepi ka simbut és kutub kidul Antartika. Garis basisir Afrika katémbong atra, Tatar Arab bisa katempo luhureunana rada ngétan. Pulo gedé katuhueunana taya lian ti Madagaskar, sedengkeun daratan buana Asia aya di luhureun Tatar Arab.

Potograf

Ieu poto bisa jadi salah sahiji anu panglobana dipaké/sumebar[2]. Marcapada katémbong caang/cékas ku sabab nu moto nonggongan Panonpoé. Pikeun para astronot, Jagat téh kaciri siga kaléci kaca (ku kituna dibéré ngaran).

Tumbu kaluar

  • Sajarah Archived 2008-09-16 di Wayback Machine medalna gambar Kaléci Biru NASA

Potograf 1972

Gambar komposit NASA abad ka-21

Rujukan