6 Nopémber

12
3456789
10111213141516
17181920212223
24252627282930
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

6 Nopémber nyaéta poé ka-310 dina sataun (ka-311 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 55 poé.

Kajadian

  • 644 - Utsman bin 'Affan jadi Khulafaur Rasyidin ka-3.
  • 1157 - Kakawén Baratayuda, dina Basa Jawa Kuna, réngsé ditulis ku Mpu Panuluh jeung Mpu Sédah ku paréntah Prabu Jayabaya.
  • 1860 - Abraham Lincoln kapilih jadi présidén AS ka-16.
  • 1913 - Mohandas Gandhi ditahan nalika mingpin pawéy pagawé tambang India di Afrika Kidul.
  • 1917 - Sanggeus tilu bulan perang campuh, pasukan Kanada hasil ngarebut Passendale, Bélgia dina Perang Dunia I.
  • 1918 - Pamaréntahan Rakyat Interim Républik Polandia diadegkeun.
  • 1928 - Herbert Hoover kapilih jadi présidén AS ka-31.
  • 1935 - Edwin Armstrong midangkeun tulisanna "Metode pikeun Ngurangan Gangguan Sinyal Radio ku Sistem Frékuénsi Modulasi" ka Institut Insinyur Radio séksi New York.
  • 1943 - Pasukan Beureum Uni Soviét ngarebut Kiev ti Jérman dina Perang Dunia II.
  • 1944 - Plutonium mimiti diproduksi di Fasilitas Atom Hanford, éngkéna bakal dipaké dina pangeboman Nagasaki, Jepang.
  • 1947 - Meet the Press, program télévisi pangpanjangna dina sajarah munggaran dipintonkeun ku NBC.
  • 1956 - Dwight D. Eisenhower kapilih deui jadi présidén AS.
  • 1962 - Majelis Umum PBB ngaluarkeun résolusi nu ngutuk kana kawijakan apartheid Afika Kidul sarta ngajak sakabéh anggota PBB pikeun ngeureunkeun hubungan ékonomi jeung militer jeung nagri éta.
  • 1963 - Duong Van Minh sacara resmi nyokot pamaréntahan di Viétnam Kidul sawatara poé sanggeus pamaténian Présidén Ngo Dinh Diem.
  • 1971 - AS nguji coba nuklir di sajeroeun taneuh nu maké kode ngaran Cannikin di Pulo Amchitka, Kapuloan Aleutian, AS.
  • 1965 - Kuba jeung Amérika Sarikat sapuk pikeun muka program angkutan udara pikeun urang Kuba nu hayang pindah ka AS. Taun 1971, 250.000 urang Kuba narima program ieu.
  • 1977 - Bendungan Kelly Barnes, nu pernahna saluhureun Kampus Bibel Landeuh Toccoa di Toccoa, Georgia, rubuh, niwaskeun 39 jalma.
  • 1984 - Ronald Reagan kapilih deui jadi présidén AS..
  • 1985 - Di Kolumbia, gérilyawan sayap kiri Gerakan 19 April ngarebut Istana Kaadilan di Bogota, antukna nelasan 115 jalma, 11 di antarana pajabat Pangadilan Tinggi.
  • 1986 - Hélikopter Chinook nu British International murag 2,5 mil ti Bandara Sumburgh, korban 45 urang. Minangka kacilakaan hélikopter pangtohagana nu kungsi kacatetkeun.
  • 1999 - Réferendum Australi; urang Australi milih tetep nganggap Ratu Inggris Raya minangka kapala nagarana.
  • 2001 - Bank Indonésia resmi ngédarkeun duit kertas recahan Rp5.000,00 taun émisi 2001.
  • 2009 - Épisode Spongebob Squarepants, Truth or Square, mimiti disiarkeun di Nickelodeon.
  • 2012 - Barack Obama kapilih deui jadi présidén AS.

Nu babar

  • 1494 – Sulaiman Agung, Sultan Turki Ustmani (td. 1566)
  • 1841 – Armand Fallières, présidén Perancis ka salapan (td. 1931)
  • 1861 – James Naismith, élmuwan Amérika-Kanada, nu nyiptakeun olahraga bal baskét (td. 1939)
  • 1947 – Mesut Yılmaz, présidén Turki ka-21
  • 1948 – Glenn Frey, musisi Amérika anggota grup band Eagles (td. 2016)
  • 1966 – Paul Gilbert, gitaris Mr. Big
  • 1970Ethan Hawke, béntang filem Amérika
  • 1987 – Ana Ivanovic, pamaén ténes Sérbia
  • 1988 – Emma Stone, artis Amérika

Nu pupus

  • 1873 – William J. Hardee, jéndral Amérika (l. 1815)
  • 1908Cut Nyak Dhien, Pahlawan Nasional Indonésia (l. 1848)
  • 1928 – Arnold Rothstein, boss mafia Yahudi Amérika (l. 1882)

Poé peré / poé pangingeut-ngingeut

  • Poé Intérnasional Nyegah Eksploitasi Lingkungan dina Perang jeung Konflik Basanjata

Tumbu luar