19 Nopémber

12
3456789
10111213141516
17181920212223
24252627282930
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

19 Nopémber nyaéta poé ka-323 dina sataun (ka-324 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 42 poé.

Kajadian

  • 636Khulafaur Rashidin ngéléhkeun Karajaan Sasanian dina Patempuran al-Qadisiyah di Irak.
  • 1095 – Dina Déwan Clermont, Paus Urban II ngagentra Pasukan Salib pikeun miang ka Tanah Suci.
  • 1885 – Perang Serbia - Bulgaria: Kameunangan Bulgaria dina Patempuran Slivnitsa mageuhkeun panggabungan Bulgaria jeung Rumella Wétan.
  • 1912 – Dina Perang Balkan Kahiji, Pasukan Sérbia ngarebut Bitola, ngeureunkeun kakawasaan Turki Ustmani salila lima taun di Makédonia.
  • 1916 – Samuel Goldwyn jeung Edgar Selwyn ngadegkeun Goldwyn Pictures.
  • 1941Perang Dunia II: Patempuran antara HMAS Sydney jeung HSK Kormoran. Kadua kapal éta silih kelebuhkeun di basisir Australi Kulon, korban palaut 657 ti Australi sarta kurang leuwih 77 ti Jérman.
  • 1942 – Perang Dunia II: Patempuran Stalingrad: Pasukan Uni Soivét dina pimpinan Jéndereal Georgy Zhukov ngalancarkeun serangan walesan Operasi Uranus ka Stalingrad, malikkeun posisi nu jadi nguntungkeun Uni Soviét.
  • 1943Nazi nutup kémp konséntrasi Janowska di Lemberg (Lviv), Ukraina kulon, nelasan saheunteuna 6.000 urang Yahudi sabada palawanan jeung usaha kabur masal nu gagal.
  • 1944 – Perang Dunia II: Tilu puluh anggota palawanan Luksemburg mertahankeun kota Vlanden tina serangan pasukan Waffen-SS nu leuwih loba jumlahna di Patempuran Vlanden.
  • 1952 – Marsekal Lapangan Yunani Alexander Papagos jadi perdana menteri Yunani ka 152.
  • 1954Télé Monte Carlo, saluran tivi swasta pangkolotna di Éropa dipedalkeun ku Pangéran Rainier III.
  • 1969 – Pélé nyitak gul ka-1.000-na.
  • 1977 – Pasawat TAP Portugal Flight 425 ragrag di Kapuloan Madeira, nelasan 131 jalma.
  • 1979 – Krisis sandera Iran: Pamingpin Iran Ayatollah Ruhollah Khomeini maréntahkeun pangbébasan 13 sandera awéwé jeung kulit hideung Amérika nu ditahan di Kadutaan Amérika di Téhéran.
  • 1984 – Sarangkéan jeleguran di fasilitas panyimpeunan minyak Pemex di San Juan Ixhuatepec di Kota Méksiko micu kahuruan tohaga sarta nelasan kurang leuwih 500 jalma.
  • 1985Perang Tiis: Di Jenéwa, Présidén AS Ronald Reagan jeung Sékertaris Jéndral Uni Soviét Mikhail Gorbachev patepung pikeun kali kahijina.
  • 1985 – Insidén Memali di Baling, Kedah, Malaysia, Polisi ngepung imah-imah di Kampung Memali nu ditempatan ku kurang leuwih 400 sékte Islam pimpinan Ibrahim Mahmud. Hasilna 14 pangeusi kampung (kaasup Ibrahim) jeung opat polisi palastra.
  • 1998 – Komite Yudisiari Déwan Pangwakilan AS ngamimitan sidang awal impeachment pikeun Bill Clinton alatan skandal Clinton–Lewinsky.
  • 1998 – Lukisan Vincent van Gogh, diri sorangan tanpa jangot, payu dina lélang ku harga AS$71,5 juta.
  • 2002 – Kapal tangker minyak Yunani, Prestige, kabeulah dua sarta tilelep di basisit bojong Galicia, ngaluarkeun 20 juta galon (76.000 m³) minyak dina béncana lingkungan pangtohagana dina sajarah Spanyol jeung Portugal.
  • 2006 – Nintendo munggaran medalkeun konsol gim vidio Wii.
  • 2010 – Beledugan kahiji tina opat beledugan kajadian di Tambang Leuwi Pike di Selandia Anyar; 29 jalma palastra dina pangparah-parahna béncana tambang nagri éta ti taun 1914.
  • 2013 – Bom bunuh diri ganda di kadutaan Iran di Béirut, nelasan 23 urang sarta nyideraan 160 séjénna.

Nu babar

  • 1831 – James A. Garfield, présidén ka-20 Amérika Sarikat (td. 1881)
  • 1875 – Mikhail Kalinin, kapala nagara Uni Soviét kahiji (td. 1946)
  • 1917 – Indira Gandhi, PM India ka-3 (td. 1984)
  • 1942 – Calvin Klein, disainer fésyén Amérika, nu ngadegkeun Calvin Klein Inc.
  • 1954 – Abdel Fattah al-Sisi, présidén Mesir ka-6
  • 1961 – Meg Ryan, artis Amérika
  • 1962 – Jodie Foster, artis Amérika
  • 1965 – Laurent Blanc, pamaén bola Perancis
  • 1969 – Ayu Azhari, béntang filem Indonésia
  • 1975 – Sushmita Sen, artis India, Miss Universe 1994
  • 1989 – Tyga, rapper Amérika

Nu pupus

  • 1988 – Christina Onassis, pangusaha Amérika-Yunani (l. 1950)
  • 2017 – Jana Novotná, pamaén tenés Céko (l. 1968)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Lalaki Internasional
  • Poé Wirausahawati
  • Poé Jamban Sadunya

Tumbu luar