Biruang kutub

Beruang kutub
Status konservasi

Vulnerable  (IUCN 3.1)[1]
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Ursidae
Génus:
Ursus
Spésiés:
U. maritimus

Biruang Kutub (Maritimus ursus) nyaéta spésiés biruang nu kapanggih nempatan widang és di Samudra Arktik.[2]. Biruang kutub mangrupa spésiés biruang pangbadagna di dunya nu miboga beurat biruang jalu bisa nepi ka 600kg.[2] Biruang ieu dianggap patali jeung biruang coklat (Ing.:brown bear).[2] Biruang kutub liar di és arktik jeung sok loba ngojay di pasisian laut di dinya.[3] Maranéhna mangrupa tukang ngojay nu kuat, bari cakar hareupna gedé, cakar éta dipaké pikeun ngadayung sabab rada aya lamadan. [3]

Adaptasi Arktik

Biruang kutub nempatan salah sahiji tempat pangtiisna di planét ieu jeung gumantung kana mantel bulu kandel nu haneut, nu diwangun tina lapisan panghaneut lemak.[3] Buluna malahan jadi ogé di handapeun sukuna, nu ngajaga tina katiisan jeung méré panyekel nu alus di luhur és.[3] Mantel bodasna nu katigali jelas nyadiakeun kamuflase kalawan salju jeung és.[3] Di handapeun buluna, biruang kutub miboga kulit hideung nu alus pikeun nyerep cahya panon poé.[3]

Referensi