Bispénol A

Bispénol A (BPA) nyaéta sanyawa kimia anu utamana dipaké dina manupaktur rupa-rupa plastik. Wangunna padetan tanpa warna anu leyur dina kalolobaan pelarut organik, sabalikna dina cai.[1][6] BPA diproduksi dina skala industri ku kondénsasi pénol jeung aseton, anu produksi skala globalna ngahontal 10 juta ton taun 2022.[7]

Bispénol A
Wasta
Wasta IUPAC dipréférénsi
4,4′-(Propana-2,2-diil)dipénol
Wasta lian
  • BPA
  • Dipénilolpropana
  • p,p-Isopropilidenebispénol
  • 2,2-Bis(4-hidroxipénil)propana
  • 2,2-Di(4-pénilol)propana
Pananda
Nomer CAS
Modél 3D (JSmol)
ChEBI
ChEMBL
ChemSpider
DrugBank
ECHA InfoCard100.001.133
Nomer EC201-245-8
IUPHAR/BPS
KEGG
PubChem CID
UNII
Nomer UN2924 2430
CompTox Dashboard (EPA)
Sipat
Rumus kimia
C15H16O2
Massa molar228291 g·mol−1
Panampilanpadetan bodas
BauPénolik, médis
Dénsitas1.20 g/cm3
Titik lebur 155 °C (311 °F; 428 K)[4]
Titik golak 250–252 °C (482–486 °F; 523–525 K)[4] at 13 torrs (0.017 atm)
Kelarutan dina cai
0.3 g/L (25 °C)[1]
log P3.41[2]
Tekanan uap5×10−6 Pa (25 °C)[3]
Baya[5]
Piktogram GHSGHS05: CorrosiveGHS07: Exclamation markGHS08: Health hazardGHS09: Environmental hazard
Kecap sinyal GHSBahya
Kalimah baya GHS
H317, H318, H335, H360, H411[5]
Kalimah panyegah GHS
P201, P202, P261, P273, P302+P352, P304+P340, P305+P351+P338, P308+P313, P333+P313, P363, P403+P233[5]
NFPA 704
NFPA 704 four-colored diamondFlammability code 1: Must be pre-heated before ignition can occur. Flash point over 93 °C (200 °F). E.g., canola oilHealth code 2: Intense or continued but not chronic exposure could cause temporary incapacitation or possible residual injury. E.g., chloroformReactivity code 0: Normally stable, even under fire exposure conditions, and is not reactive with water. E.g., liquid nitrogenSpecial hazards (white): no code
1
2
0
Titik hurung 227 °C (441 °F; 500 K)[5]
Suhu
autoignisi
510 °C (950 °F; 783 K)[5]
Iwal disebutkeun séjén, data nu dipidangkeun keur matéri dina kaayaan baku (dina 25 °C, 100 kPa).
YesY verifikasi (naon ieu YesYN ?)
Rujukan kotak info

BPA panglobana dipaké salaku ko-monomér dina produksi polikarbonat, anu ngawengku 65-70% ti sakabéh produksi BPA.[8][9], manupaktur résin époxi jeung résin pinil éster 25-30%-na.[8][9] Sésana 5% dipaké kana plastik kinerja luhur sarta aditip minor dina PVC, poliurétan, kertas termal, jeung sababaraha lianna. BPA lain plastisizer,[10] najan mindeng disebut kitu.

Pangaruh BPA kana kaséhatan geus lila jadi bahan hoghag.[11][12][13] BPA téh xénoéstrogén, boga pasipatan mirip-hormone anu nyarupakeun pangaruh éstrogén kana awak.[14] Najan pangaruhna lemah pisan, pamakéan bahan anu ngandung BPA jadi pikamelangeun, pangpangna anu dipaké pikeun dahareun,[15][16] pakéan,[17] nota balanja,[18] jeung pangeusi huntu.[19] BPA geus loba dipariksa ku badan-badan kaséhatan di loba nagara, kaasup ku WHO.[11] Sanajan paparan normal handapeun kadar risiko, sababaraha nagara geus ngawatesan leuwih ketat, pangpangna nyaram BPA dina botol kadaharan/inuman orok. Aya bukti yén paparan BPA ka orok geus nyirorot ku panyaram ieu.[20] Plastik tan-BPA geus mimiti dipaké, diganti ku bispénol séjén kayaning bispénol S jeung bispénol F, ngan angger aya nu teu yakin naha bener ieu leuwih aman atawa henteu.[21]

Baca ogé

Wangun nu tumali
  • 4,4'-Dihidroxibénzopénon - dipaké salaku penstabil UV dina kosmétik jeung plastik
  • Dinitrobispénol A - métabolit BPA, anu némbongkeun watek ngaruksak éndokrin nu leuwih hadé
  • HPTE - métabolit inséktisida sintétik métoxiklor
Lianna
  • 2,2,4,4-Tétramétil-1,3-siklobutanadiol - gaganti BPA generasi anyar
  • 4-tert-Butilpénol - dipaké salaku pangatur panjang ranté dina produksi résin polikarbonat jeung époxi

Rujukan

Citakan:Modulator reséptor androgénCitakan:Modulator reséptor éstrogén