Google+

Google+ atawa Google Plus nyaéta jajaring sosial anu dikokolakeun ku Google.[1] Google+ dipedalkeun tanggal 28 Juni 2011 nu harita mah sistemna masih kudu liwat ondangan pikeun uji coba.[1] Ti semet harita Google+ ngidinan pikeun ngondang babaturan nu umurna leuwih ti 18 taun, Pikeun nyieun akun, tapi langsung dieureunan sapoé isukanna téh sanggeus nu nyarieun akun mingkin loba teu kawadahan.[2]

Logo Google+

Google+ ngintegrasikeun fasilitas sosial kayaning Google Profile jeung Google Buzz, sarta ngawanohkeun fasilitas anyar kayaning Circles, Hangouts, Sparks, jeung Huddles.[3] Google+ ogé nyangkaruk dina mangrupa-rupa aplikasi déstop jeung aplikasi telepon sélulér, tapi ngan dina Android jeung sistem operasi iOS wungkul.[4] Google+ jadi saingan jajaring sosial Facebook anu pamakéna geus leuwih ti 750 yuta dina taun 2011.[5]

Rujukan