Maroko

  1. ALIH Citakan:Disambig info

Maroko (Basa Arab: المغربal-Maghrib ; basa Berber: ⵍⵎⴰⵖⵔⵉⴱ[7] Lmaɣrib), resmina Karajaan Maroko[8] (Basa Arab: المملكة المغربيةal-Mamlaka al-Maghribiyya: pronunciation ; basa Berber: ⵜⴰⴳⵍⴷⵉⵜ ⵏ ⵍⵎⴰⵖⵔⵉⴱ Tagldit n Lmaɣrib), nyaéta hiji nagara nu aya di Afrika Kalér. Nagara ieu miboga populasi nu leuwih ti 32 yuta jiwa sarta aréa 710.850 km², jeung ogé maréntahan wewengkon Sahara Kulon (nu dipaséakeun statusna). Nagara ieu mangrupa bagian ti wewengkon Magribi, sareng Tunisia, Aljazair, Mauritania, jeung Libya, nu boga patalian sajarah, basa, jeung budaya.

المملكة المغربية
ⵜⴰⴳⵍⴷⵉⵜ ⵏ ⵍⵎⴰⵖⵔⵉⴱ
Karajaan Maroko
Bandéra Maroko Lambang Maroko
Motto
الله، الوطن، الملك
Allāh, al-Waṭan, al-Malik
ⴰⴽⵓⵛ . ⴰⵎⵓⵔ . ⴰⴳⵍⵍⵉⴷ
Akuc, Amur, Agellid
"Gusti, Lemah Cai, Raja"
Lagu

النشيد الشريف
"An-Nasyid Asy-Syarif"
Location of Maroko
Location of Maroko
Wewengkon nu héjo némbongkeun téritori Maroko anu diakuan internasional. Anu diarsiran nyaéta wewengkon Sahara Kulon nu dipaséakeun; Maroko maréntahan kalobaannana ti wewengkon ieu minangka Propinsi Kidulna kalawan de facto.
Ibu kotaRabat
34°02′N 6°51′W
Kota panggedéna Kasablanka
Basa resmi
(Basa pribumi)
Basa Arab[1]
Amazigh[2][a]
(Basa Arab Maroko, Tachelhit, Tamazight Atlas Tengah Tarifit, Hassaniya. [b])
Grup étnis  99,1% Arab-Berber
0,7% Nu lian
0,2% Yahudi[3]
Démonim Moroccan
Pamaréntah Démokrasi parleménter kahijian jeung Monarki Konstitusional
 -  Raja Mohammed VI (محمد السادس, ⵎⵓⵃⵎⵎⴷ ⵡⵉⵙⵙ ⵚⴹⵉⵚ)
 -  Perdana Mentri Aziz Akhannouch (عزيز أخنوش, ⵄⴰⵣⵉⵣ ⴰⵅⵏⵓⵛ)
Monarki 110 SM 
 -  Karajaan Mauretania 110 SM – 40 M 
 -  Dinasti Alaouite 1666–ayeuna 
 -  Kamerdikaan ti Perancis 2 Maret 1956 
 -  Kamerdikaan ti Spanyol 7 April 1956 
Aréa
 -  Total 710.850 km² (ka-58/ka-40)
172.487 mil² 
 -  Cai (%) 250 km² (0,056%)
Populasi
 -  Perkiraan  2011 32.208.557[4] (ka-38)
 -  Sénsus 2004 29.680.069[5] 
 -  Kapadetan 71,6 /km² (ka-122)
185,5 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2011
 -  Total $163,181 milyar[6] 
 -  Per kapita $5.069,783[6] 
GDP (nominal) Perkiraan 2011
 -  Total $101,767 milyar[6] 
 -  Per kapita $3.161,728[6] 
HDI (2011) 0,582 (sedeng) (ka-130)
Mata uang Dirham Maroko (MAD)
Zona wanci WET (UTC+0)
 -  Usum panas (DST) WEST (UTC+1)
TLD Internét .ma
Kode telepon +212
a. ^ Basa Perancis ogé dipaké dina dokumén resmi pamaréntah jeung ku komunitas bisnis, sanajan teu boga status resmi.

b. ^ tempo ogé Basa di Maroko.

c. ^ 446,550 km2 (172,410 sq mi) teu ngawengku sadaya wewengkon nu dipaséakeun.
710,850 km2 (274,460 sq mi) Ngawengku wewengkon nu diparéntah Maroko Sahara Kulon anu diklaim ku Front Polisario minangka Républik Sahrawi

Maroko mangrupa hiji monarki konstitusional kalawan parlemén anu dipilih. Raja Maroko miboga kakawasaan éksekutif nu lega, kaasup kamungkinan ngabubarkeun parlemén. Kakawasaan législatif dipiboga ku boh pamaréntah boh parlemén 2 kamarna, Déwan Pawakilan jeung Majelis Déwan. Sang Raja ogé tiasa ngaluarkeun dékrét nu disebut dahir nu miboga kakiatan hukum. Pamilu parlemén dilaksanakeun di Maroko dina 7 Séptémber 2007, jeung diperhatoskeun ku sababaraha panénjo nétral minangka paling bébas jeung adil; sanajan partisipasi ngan 37%, nu pangsaeutikna dina sababaraha dékade. Ibu kotana nyaéta Rabat, jeung kota panggedéna nyaéta Kasablanka; kota gedé lianna contona Marrakésh, Tetouan, Tangier, Salé, Fes, Agadir, Meknes, jeung Oujda.

Kalobaannana urang Maroko nyaturkeun minimalna hiji ti dua Berber jeung Arab Maroko minangka basa indung. Basa-basa éta duanana miboga dialék jeung logat wewengkon.

Babagian administratif

Région-région Maroko

Maroko dibagi kana 16 région,[9] jeung dibagi deui kana (total) 62 préféktur jeung propinsi.[10]

Région

 Artikel utama: Région di Maroko.

Minangka bagian ti hukum déséntralisasi/régionalisasi 1997, 16 région nyar dijieun, nyaéta:

  • 01. Oued Ed-Dahab-Lagouira
  • 02. Laâyoune-Boujdour-Sakia El Hamra
  • 03. Guelmim-Es Semara
  • 04. Souss-Massa-Draâ
  • 05. Gharb-Chrarda-Béni Hssen
  • 06. Chaouia-Ouardigha
  • 07. Marrakech-Tensift-El Haouz
  • 08. Oriental
  • 09. Grand Casablanca
  • 10. Rabat-Salé-Zemmour-Zaer
  • 11. Doukkala-Abda
  • 12. Tadla-Azilal
  • 13. Meknés-Tafilalet
  • 14. Fés-Boulemane
  • 15. Taza-Al Hoceima-Taounate
  • 16. Tangier-Tétouan

Status Sahara Kulon

 Artikel utama: Sahara Kulon jeung Status légal Sahara Kulon.
Wétaneun tanggul nyaéta wewengkon nu diatur ku Polisario

Ku sabab konflik di Sahara Kulon, status wewengkon "Saguia el-Hamra" jeung "Río de Oro" dipaséakeun. Pasarikatan Bangsa-Bangsa nempo Sahara Kulon minangka hiji wewengkon tanpa pamaréntahan sorangan, jeung minangka hiji perkara ti dékolonisasi nu teu réngsé. Pangawasaan Maroko kana wewengkon ieu teu diakuan sacara internasional, pun ogé républik merdika anu diajukeun Polisario, hiji grup Saharawi nu ngalawan panjajahan Spanyol jeung teras pikeun kamerdikaan Sahara Kulon minangka Républik Démokratik Arab Sahrawi (ayeuna markasna di Aljazair). Aya gencatan senjata ti 1991, jeung hiji misi PBB (MINURSO) pikeun ngurus hiji réferéndum sangkan téritori ieu merdika atawa diakuan minangka bagian ti Maroko.

Téritori ieu kalobaannana diparéntah minangka Propinsi Kidul ku Maroko saprak Spanyol ngaleupaskeun wewengkon ieu ka Maroko jeung Mauritania sanggeus Pasatujuan Madrid dina 1975–76. Bagian ti téritori, Zona Bébas, nyaéta hiji aréa nu teu didumukan nu diatur the Front Polisario minangka Républik Démokratik Arab Sahrawi kalawan markasna di Tindouf, Aljazair.

Perang Sahara Kulon

 Artikel utama: Perang Sahara Kulon.

Perang Sahara Kulon nyaéta konflik senjata antara Front pagerakan kemrdikaan pambarontakan nasional Polisario Sahrawi jeung Maroko sareng Mauritania pikeun kawasa kana urut jajahan Spanyol, Sahara Kulon; lumangsung ti 1976 nepi ka 1991. Perangna ngahasilkeun kaluarna Spanyol dina 1976, kaluarna Mauritania dina 1979, jeung gencatan senjata sareng Maroko. Kalobaannana ti wewengkon tetep dina kadali Maroko.

Lanskap jeung monumén

Ouzoud Falls deukeut Azilal, Atlas Tengah
Ouzoud Falls deukeut Azilal, Atlas Tengah 
Jbel Toubkal, gunung pangluhurna di Afrika Kalér
Jbel Toubkal, gunung pangluhurna di Afrika Kalér 
Dano Tislit, di Imilchil, Atlas Luhur
Dano Tislit, di Imilchil, Atlas Luhur 
Ifrane, Atlas Tengah
Ifrane, Atlas Tengah 
The Pagunungan Rif
The Pagunungan Rif 
Oued Laou
Oued Laou 
Lebak Imlil di Atlas Luhur
Lebak Imlil di Atlas Luhur 
Oasis Figuig, Maroko wétan
Oasis Figuig, Maroko wétan 
Volubilis, situs arkéologi deukeut Meknes
Volubilis, situs arkéologi deukeut Meknes 
Chefchaouen, Maroko kalér
Chefchaouen, Maroko kalér 
Universitas Al-Karaouine di Fes.
Universitas Al-Karaouine di Fes. 
Masjid Koutoubia diwangun ku Dinasti Almohad. (abad ka-12)
Masjid Koutoubia diwangun ku Dinasti Almohad. (abad ka-12) 
Munara Hassan, Rabat. Diwangun ku Yaqub al-Mansur (abad ka-12)
Munara Hassan, Rabat. Diwangun ku Yaqub al-Mansur (abad ka-12) 
Ben Youssef Madrasa di Marrakésh, diwangun dina abad ka-14ku Sultan Abu al-Hassan.
Ben Youssef Madrasa di Marrakésh, diwangun dina abad ka-14ku Sultan Abu al-Hassan. 
Madrasa Bou Inania di Fes, diwangun ku Sultan Abu Inan Faris, abad ka-14.
Madrasa Bou Inania di Fes, diwangun ku Sultan Abu Inan Faris, abad ka-14. 
Bab Mansour di Meknes
Bab Mansour di Meknes 

Tempo ogé

Catetan jeung réferénsi


Tumbu kaluar

Pék paluruh émbaran nu leuwih loba ngeunaan Morocco ku jalan nyungsi proyék sabaraya Wikipédia
Définisi kamus ti Wiktionary
Buku téks ti Wikibooks
Cutatan ti Wikiquote
Téks sumber ti Wikisource
Gambar jeung média ti Commons
Warta ti Wikinews
Sumber pangajaran ti Wikiversity

   Tempo ogé Maroko di Wikivoyage

Citakan:Morocco topics