Otot

Otot mangrupa jaringan kontraktil awak nu diturunkeun tina lapisan mésodermal sél émbrionik. Pancénna pikeun ngahasilkeun gaya atawa pikeun ojah, boh pindah tempat atawa ojah dina organ internal. lolobana kontraksi otot lumangsung tanpa sadar sangkan bisa hirup, misalna kontraksi jantung atawa peristalsis, nu ngadorong dahareun sapanjang sistim cerna. Gerakan ramo atawa leungeun mangrupa hasil tina kontraksi otot sadar nu bisa diatur.

Otot rangka, ti gelempengan nepi ka sélna

Tipeu

Otot kabagi kana tilu tipeu:

  • Otot lemes atawa "involuntary muscle" nu aya di antara organ-organ jeung wangun sapereti oesofagus, burih, peujit, brongki, rahim, urétér, kantong cikiih, jeung saluran getih.
  • Otot kardiak nu ogé "involuntary muscle" tapi hususon pikeun otot nu aya dina jantung.
  • Otot rangka atawa "voluntary muscle" nu nyantélkeun téndonna kana tulang sarta dipaké pikeun mangaruhan ojahna rangka (lokomosi).

Anatomi

Otot téh diwangun ku sél-sél otot (osok ogé disebut serat otot). Di antara sél-sél otot ieu aya myofibril (ngandung sarkomér nu diwangun ku aktin jeung myosin. Sél otot téh dirapihkeun ku éndomysium, dibeungkeutan jadi mangrupa fasikel ku perimysium; beungkeutan-beungkeutan otot ieu lajeng ngahiji jadi otot nu dirapihkeun ku épimysium.

Rujukan

  • Muscle, Wikipédia édisi basa Inggris.
  • Costill, David L and Wilmore, Jack H. (2004). Physiology of Sport and Exercise. Champaign, Illinois: Human Kinetics. ISBN 0-7360-4489-2.
  • Phylogenetic Relationship of Muscle Tissues Deduced from Superimposition of Gene Trees, Satoshi OOta and Naruya Saitou, Mol. Biol. Evol. 16(6) 856-7, 1999

Tumbu kaluar

Baca ogé

  • Daptar otot awak manusa
  • Miopati (patologi sél otot)
  • Miotomi
  • Atrofi
  • Atrofi otot
  • Otot rangka




Sistim otot - édit
Jaringan otot | kontraksi otot | Otot awak manusa
Tipeu otot
Otot jantung | Otot rangka | Otot lemes


Jaringan biologis
Sato: Épitél - Panyambung - Otot - Saraf
Tutuwuhan: Kulit - Vaskulér - Dasar