Teluk Pérsia

Teluk Pérsia hiji teluk nu aya di Asia Kulon antara Iran (Pérsia) jeung Semenanjung Arab. Teluk ieu mangrupa lanjutan ti Samudra Hindia.[1]

Teluk Pérsia
Teluk Pérsia ti angkasa
LocationAsia Kulon
RupaTeluk
Aliran asup utamaLaut Oman
Wewengkon BasinIran, Irak, Kuwait, Saudi Arabia, Qatar, Bahrain, Uni Émirat Arab, jeung Oman (éksklave Musandam)
Panjang maksimum989 km (615 mi)
Wewengkon permukaan251,000 km2 (97,000 sq mi)
Kajeroan rata-rata50 m (160 ft)
Kajeroan maksimum90 m (300 ft)
Gambar ieu némbongkeun peradaban-peradaban awal di deukeut Teluk Pérsia, kaasup Lackhmiyah jeung Sassaniyah.
Peta Kakaisaran Akéméniyah, katémbong Teluk Pérsia di handap tengah.
"Koridor Pérsia" di mana diliwatan ku Sakutu pikeun nyuplai Uni Soviét.

Teluk Pérsia mangrupa titik fokus dina Perang Iran-Irak 1980–1988, di mana pihak-pihakna silih narajang kapal tanker minyak lawanna. Dina 1991, Teluk Pérsia jadi latar dina "Perang Teluk Pérsia" atanapi "Perang Teluk" nalika Irak nginvasi Kuwait, sanajan sabenerna konflik éta utamina mangrupa konflik daratan.

Sacara sajarah jeung internasionalna[2][3][4], teluk ieu kawanoh salaku Teluk Pérsia. Tapi wewengkon cai ieu kadang sacara kontrovérsialna disebut Teluk Arab atanapi ngan Teluk (Basa Inggris: The Gulf) ku raloba nagara Arab,[5] sanajan 2 istilah éta teu diakuan internasionalna. Ngaran Teluk Iran (Teluk Pérsia) dipaké ku Organisasi Hidrografi Internasional.[6]

Tingali ogé

  • Daptar pulo di Teluk Pérsia
  • Kulinér Arab ti Teluk Pérsia
  • Selat Hormuz
  • Teluk Oman

Rujukan

Tumbu kaluar

Wiktionary logo
Baca ogé pedaran Wikikamus ngeunaan kecap

52°E / 26°N 52°E / 26; 52

Citakan:Ancient MesopotamiaCitakan:Petroleum industry