Tutuwuhan Paku


Tutuwuhan Paku disebut ogé Pteridophyta.[1] Tutuwuhan ieu miboga tingkat nu leuwih luhur ti batan lukut lantaran miboga akar, daun, jeung batang sajati.[1]

Morfologi

  • Struktur Akar

Akar tutuwuhan paku ngabentuk serabut nu miboga kaliptra dina tungtungna.[1] Jaringan akarna diwangun ku épidermis, kortéks, jeung silinder pusat.[1]

  • Struktur Batang

Sarupa jeung akarna, struktur batang tutuwuhan paku diwangun ogé tina épidermis, korteks, jeung silinder pusat.[1] Dina silinder pusat éta aya berkas pembuluh angkut, nyaéta silem jeung floem.[1] Berkas pembuluh ieu boga peran dina prosés fotosintésis jeung nyebarkeun hasil fotosintesis ka sakabéh bagian tutuwuhan.[1]

  • Struktur daun

Struktur daun tutuwuhan paku diwangun ku jaringan épidermis, mésofil, jeung pembuluh angkut.[1]

Réproduksi

Sabab réproduksi séksualna teu maké siki, kelompok tutuwuhan paku maké spora pikeun réproduksi.[2] Cara réproduksi na ieu leuwih nyarupaan lukut jeung fungi.[2]

Habitat jeung Sumebar

Habitat tutuwuhan paku nyaéta di tempat nu cukup lembab, matak teu anéh lamun biasana napel dina tutuwuhan lain, dina batu, dina wangunan jeung biasa kapanggih di walungan.[3] Tutuwuhan paku bisa kapanggih tumuwuh hampir di sakabéh tempat di dunya, salian di daérah nu aya salju abadi jeung laut.[2] Tutuwuhan paku loba hirup ogé di Indonésia, komo sabagian gedé anggota paku-pakuan tumuwuh di daérah tropika baseuh.[2] Di alam dunya, dipikawanoh nepi ka 12.000 spésiés tutuwuhan paku jeung sakitar saparapatna bisa kapanggih di kawasan Melesia nu kaasup Indonésia.[2]

Referensi