Widara

Widara
Ziziphus mauritiana di Tegalan Bekol,
Taman Nasional Baluran, Jawa Timur
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Magnoliophyta
Kelas:
Ordo:
Rosales
Kulawarga:
Rhamnaceae
Génus:
Ziziphus
Spésiés:
Z. mauritiana
Ngaran binomial
Ziziphus mauritiana
Lam.
Sinonim

Rhamnus jujuba L. (1753),
Ziziphus jujuba (L.) Gaertn. (1788) non Miller (1768)

Widara (Ziziphus mauritiana) nyaéta hiji tangkal anu asalna tina kulawargga Rhamnaceae. Mangrupikeun jenis tangkal leutik anu ngahasilkeun buah anu tumuwuh di daérah garing.

Ngaran daérah

Tutuwuhan ieu ogé dipikawanoh ku sababaraha rupa ngaran daérah sapertos widara (Sd., Jw.) atanapi disingget janten dara (Jw.); bukkol (Md.); bĕkul (Bal.); ko (Sawu); kok (Rote); kom, kon (Timor); bĕdara (Alor); bidara (Mak., Bug.); rangga (Bima); serta kalangga (Sumba)[1].

Sebutan di nagara sanés di antawisna: bidara, jujub, epal siam (Mal.); manzanitas (Fil.) zee-pen (Burma); putrea (Kamboja); than (Laos); phutsaa, ma tan (Thai); tao, tao nhuc (Vietnam)[2]. Dina basa Inggris disebutna Jujube, Indian Jujube, Indian plum, atawa Chinese Apple; sarta Jujubier di basa Prancis.

Ciri mandiri

Daun jeung kembang

Rungkun atanapi tangkal leutik, biasana béngkok, jangkungna nepi ka 15 m sareng buleud gagangna 40 cm. Dahan nyagak sumebar sareng sering katempo ngagantung, kalayan dahan anu pajurawet kawas buuk aya anu pondok. Salawasna héjo atanapi satengah héjo.[2]

Daun-daun penumpu wujudna cucuk, tunggal sareng lempeng (5–7 mm), atanapi dina wujud pasangan dimorfis, di mana anu kadua langkung pondok sareng melengkung, sakapeung teuaya cucuk.[2]

Daun singel tempatna silih ganti. Lambaran daun wujudna buleud endog semu lonyod aya ogé anu lonyod, 2–9 cm x 1.5–5 cm; sisina rata gundul jeung hérang di sisi luhur, jeung bulu kempa semu bodas di sisi handapeunana; kalayan tilu tulang daun utama anu jelas bujur sajajar; pondok gagang 8–15 mm.[2]

Kembanh (close up)

Kembang berbentuk payung menggarpu bijil di handapeun dsun. panjang 1–2 cm, aya kana 7–20 kuntum. kembang Laleutik bergaris tengah antara 2–3 mm, kekuningan, rada seungit, cupatna 3–8 mm; kelopak taju 5 wujudna delta (tilu juru ), buluan di luar sarta dugul di jerona; mahkota 5, rada siga spatula, kentob sareng melengkung.[2]

Buah wujudna buleud aya ogé buleud endog, nepi ka 6 cm × 4 cm dina kultivar-kultivar anu dibudidayakeun, kalolobaan ukuranana leuwih leutik tibatan tangkal anu hirupna liar; kulit aya anu lemes aya ogé anu kasar. Ngagurilap, ipis semu konéng, daging buah bodas. siki aya di jero batok teuas anu wujudna reregetan, eusina 1-2 siki kelirna coklat lonyod.[2]

Kagunaan

Buah ngora
Bidara – buah segar
Nutritional value per 100 g (3.5 oz)
Energy24.76 kJ (5.92 kcal)
Carbohydrates
17 g
Sugars5.4-10.5 g
Dietary fibre0.60 g
Fat
0.07 g
Protein
0.8 g
VitaminsQuantity
%DV
Thiamine (B1)
-2%
0.02-0.024 mg
Riboflavin (B2)
-3%
0.02-0.038 mg
Niacin (B3)
-5%
0.7-0.873 mg
MineralsQuantity
%DV
Calcium
3%
25.6 mg
Iron
-13%
0.76-1.8 mg
Phosphorus
4%
26.8 mg
Other constituentsQuantity
Water81.6-83.0 g

  • Units
  • μg = micrograms • mg = milligrams
  • IU = International units
Percentages are roughly approximated using US recommendations for adults.
Source: USDA FoodData Central

Buah bidara kultivar unggul dijual beulikeun mangrupi buah seger, dituang langsung atanapi didamel inuman seger. Di sababaraha tempat, ieu buah ogé digaringkeun, didamel manisan. Buah ngora dituang sareng uyah tiasa ogé dirujak.[2] Buah tina tangkal anu hirupna liar rasana rada pait sarta ukuranna laleutik[1]. Buah bidara mangrupi sumber karoten, vitamin A sareng C, ogé lemak.[4]

Daun-daun anu ngora tiasa dijantenkeun sayuran. Daunna anu tos kolot dianggo parab ingon-ingon.[2] Cai godogan tina daunna tiasa diinum kanggo jamu. Daun-daun ieu ngabudah sapertos sabun umpama digesek dina cai, ogé tiasa dimangpaatkeun kanggo ngamandian jalma anu nuju galingging panas tiris .[1] Di Jakarta, daun-daun bidara dimangpaatkeun kanggo ngamandian layon.

Daun widara ogé dipercaya mibanda sababaraha mangpaat pikeun kaséhatan saperti ngajaga kaséhatan jantung, ngabantu ngagancangkeun nyageurkeun raheut, nurunkeun kolésterol, ngaropéa sistem pencernaan, nurunkeun risiko diabétes, ngubaran wasir, jarawat, antibakteri, nurunkeun beurat awak, nepika miara buuk. Mangpaat daun widara anu ditempo dumasar zat anu dipibanda masih diperlukeun waktu pikeun nempo sarta nalungtik kamujarabanna; efektivitasna.[5]

Buah asak marugan di sisi basisir

Sagigireun daun, buah, siki, kulit kai, reujeung akarna ogé mibanda hasiat ubar, pikeun ngabantu pencernaan jeung sabagé tapal/taplok ubar raheut. Di Jawa, kulit kaina dipaké pikeun ngubaran gangguan pencernaan; jeung di Malaysia, kulit kai dilembutkeun dipaké pikeun ubar nyeuri beuteung.[2] Kulit kai bidara dipercaya mibanda hasiat pikeun tonikum, sanajan henteu patos kuat, sareng dilarapkeun kanggo panyakit lambung jeung peujit. Kulit akarna, dicampur sareng sakedik pucuk, pulasari, tambih bawang putih, diuyup pikeun ngubaran nyeri kahampangan.[1]

Kaina semu beureum, teksturna lemes, heuras, sareng awét. Kai ieu di bubut dianggo salaku, parabot rumah tangga, sareng alat-alat sanésna.[2] Di Bali, Kai Widara dipaké pikeun gagang kampak, péso, pahat, sarta alat tukang kayu anu sanés.[1] Beurat jenis kai bidara kurang leuwih antara 0,54-1,08. Kai terasna anu aya variasi tina kelir konéng dugi semucoklat, beureum pias atanapi coklat kolot , henteu pati jelas dibédakeun tina kai gubal. Kai ieu tiasa digaring, hanjakal sakapeung sok rarengat. Di sagigireun mangpaat anu di set di luhur, Kai Bidara ogé cocog pikeun pangwangunan, furnitur sareng lomari, peti pengemas, venir kitu deui triplek.[4]

Widara ngahasilkeun suluh anu kualitasna saé; niley kalori tina kai gubalna: 4.900 kkal/kg. Ieu kai bisa dimangpaatekun pikeun nyieun areng. Régang-regangna anu ngagapuy gampil ditigas atawa dipanén pikeun suluh.[4]

Kulit kai sarta buah widara ogé ngahasilkeun bahan kelir[2]. Bahan-bahan ieu ngahasilkeun tanin jeung bahan kelir coklat semu beureum atawa kulawu.[4]

Ékologi tur ngarekahkeun

Buah kultivar unggul anu dijualbeulikeun

Ieu tutuwuhan hirup kalawan subur di daérah anu usum na jelas. Kualitas buahna panghadéna upama hirupna di daérah anu panas, loba cahaya panonpoé, sarta cukup garing; tapi aya usum hujan anu cukup pikeun ngarekahkeun régangna, sarta pikeun ngajaga taneuh sangkan jemlék utamana mangsa buahan. Widara hirup kalayan subur di daérah anu mibanda turun hujan 300–500 mm dina sataun. Pikeun kaperluan komérsial, tangkal widara bisa dipelak nepika daérah tonggoh 1.000 m dpl.; lantaran di pelak saluhureun éta tangkal widara kurang saé jadina.[4]

Kuat kahalodoan ogé kuat mangsa taneuh kakeueum, widara gampil beradaptasi sareng lingkungan kalayan remen hirup liar di sisi jalan kitu deui di lahan-lahan anu teu kaurus. Bisa hirup dina rupa-rupa kaayaan taneuh: laterit, taneuh hideung anu dehydrasina alus, taneuh lempung, taneuh liat, taneuh aluvial di sapanjang sisi susukan (riparian).[6]

Widara disawang mibanda bibit buit ti Asia Tengah, kalawan nyebar liar alami di wilayah anu lega mimiti ti Aljazair, Tunisia, Libia, Mesir, Uganda sareng Kenya di Afrika; Afganistan, Pakistan, India kalér, Nepal, Bangladésh, Tiongkok kidul, Vietnam, Thailand, Semenanjung Malaya, Indonesia, hingga Australia. Ayeuna widara atos dipelak di loba nagara di Afrika, sarta du Madagaskar.[4] ngan anu anu ngahaja melak dina lahan anu lega ngan di India, Tiongkok, tur sakedik di Thailand[2].

Jinis anu sarupa

Widara remen disasaruakeun jeung bidara cina (Ziziphus zizyphus; sinonim Z. jujuba Miller, Z. vulgaris Lamk.). Widara anu pandeuri dibudidayakeun di Tiongkok bagian kalér.[2]

Ziziphus spina-christi ogé katelahna Christ's Thorn Jujube ("bidara mahkota duri Kristus"), hirup di daérah Afrika Kalér jeung tropis sarta Asia Kulon, kaasup di di Israel/Palestina. Dipercaya mangrupa bahan pikeun nyieun mahkota duri anu ditunda di mastaka Yesus Kristus saméméh disalib.[7]

Widara dina agama Islam

 Artikel utama: Sidratul Muntaha.

Widara atawa Sidr (Basa Arab: (سدر)Basa Inggris: Lote tree) mibanda kadudukan di jero agama Islam. Tangkalieu disebut dina sababarahasurah al Qur'an, tayalian :

  • Mangrupa tangkal widara nu saeutik jumlahna (sidrin qolil) (QS.34. Saba':16),
  • Mangrupa tangkal widara anu henteu miboga cucuk (sidr makhdud) (QS.56. Al-Waqiah:28),
  • Mangrupa tangkal widara wates panungtung (sidratul muntaha) sarta tangkal Widara anu nyimbutan (sidrata ma yaghsya) (QS.53. An-Najm: 13-16)

Tangkal widara ieu sagigireun disebut dina Al-Qur'an ogé aya pituah ngagunakeunna dina hadits. Widara dimangpaatkeun dina rupa-rupa prosési ibadah, upamana daunna di Sunnah keun pikeu dipaké nalika mandi wajib pikeun awéwé anu réngsé datang bulan .[8] ogé nalika ngamankeun layon tur ngaleungitkeun najis tina awak layon, layon disarankeun dimandian maké cai anu dicampuran daun Widara.[9] Daun bidara ogé sakapeung digunakeun mangsa keur ngubaran Ruqyah pikeun ngubaran jalma anu kasurupan.

Dicutat tina

Tempo ogé

Citakan:Thibbun NabawiCitakan:Hewan dan tumbuhan dalam Alkitab dan Sunnah