12 Méi

1234
567891011
12131415161718
19202122232425
262728293031 
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

12 Méi nyaéta poé ka-132 dina sataun (ka-133 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 233 poé.

Kajadian

  • 907 – Zhu Wen maksa Kaésar Ai sangkan turun tahta, mungkas Dinasti Tang nu geus lumangsung ampir 300 taun.
  • 1510 – Pangbarontakan Pangéran Anhua dimimitian nalika Zhu Zhifan maéhan sakabéh pajabat nu diundang kana hiji hajatan sarta ngedalkeun niatna pikeun ngarugrugkeun kakawasaan kasim Dinasti Ming, Liu Jin, dina wanci pamaréntahan Kaésar Zhengde.
  • 1551 – Universitas Nasional San Marcos, universitas pangkolotna di Amérika Kidul, diadegkeun di Lima, Péru.
  • 1780 – Perang Sipil Amérika: Dina panggedé-gedéna kaéléhan Tentara Kontinental, Charleston, South Carolina, karebut ku pasukan Inggris.
  • 1797 – Perang Koalisi Kahiji: Napoléon I ti Perancis nalukkeun Perancis.
  • 1865 – Perang SIpil Amérika: Patempuran Ranch Palmito, pamustunganna dimeunangkeun ku Konfedérasi.
  • 1865 – Diadegkeunna pausahaan Nokia di Finlandia.
  • 1881 – Di Afrika Kalér, Tunisia jadi protéktorat Perancis.
  • 1888 – Wilayah Pausahaan Séwaan North Borneo, jadi wilayah Kalimantan Kalér protéktorat Inggris.
  • 1938 – Diluncurkeunna USS Enterprise (CV-6)
  • 1941 – Insinyur Jérman Konrad Zuse midangkeun Z3, komputer otomatis munggaran nu bisa diprogram, di Bérlin.
  • 1942Perang Dunia II: Patempuran Kharkov Kadua: Di wétaneun Ukraina, pasukan Tentara Beureum mesatkeun serangan ti sirah sasak Izium, dua minggu ti harita pasukan éta dikepung sarta diburantakkeun ku Tentara Kelompok Kidul.
  • 1942 – Perang Dunia II: Tanker AS SS Virginia ditorpédo di sungut Leuwi Mississippi ku kapal selam U-507 Jérman.
  • 1948 – Wilhelmina, Ratu Walanda, turun tahta.
  • 1949Perang Tiis: Soviét ngabuka blokade Bérlin.
  • 1965 – Pasawat luar angkasa Soviét, Luna 5, dibéjakeun murag ka Bulan.
  • 1981 – Francis Hughes, anggota Provisional IRA nu mogok barang dahar, maot di Panjara Maze, Irlandia Kalér.
  • 1982 – Wanci hiji prosési di saluareun kuil Parawan Maria di Fatima, Portugal, panjaga kaamanan hasil nyerek Juan María Fernández y Krohn méméh manéhna nyerang ka Paus Yohanes Paulus II ku bayonet.
  • 1984 – Tahanan Afrika Kidul, Nelson Mandela, patepung deui jeung pamajikanna, sabada teu tepung salila 22 taun.
  • 1989 – Badan Hukum Saksi-Saksi Yehuwa di Polandia dibentuk kalawan ngaran "Towarzystwo Biblijne i Traktatowe – Zarejestrowany Związek Wyznania Świadków Jehowy".
  • 1998 – Tragedi Trisakti, anu mana 4 mahasiswa Universitas Trisakti maot sanggeus ditémbak ku aparat kaamanan basa démo di hareup kampus Trisakti nu antukna nyunut Karusuhan Méi 1998.
  • 2002 – Manten Présiden AS Jimmy Carter nganjang ka Kuba salila lima poé reureujeungan jeung Fidel Castro, jadi présidén AS di saluareun jabatanna nu munggaran nu nganjang ka Kuba ti saprak Révolusi Castro taun 1959.
  • 2003 – Pangeboman Kompléks Riyadh ku Al Qaeda, ngakibatkeun 26 jalma palastra.
  • 2006 – Perlawanan Massa ku Primeiro Comando da Capital dimimitian di São Paulo (Brazil), ngakibatkeun saheunteuna 150 urang palastra.
  • 2008 – Lini lumangsung di Sichuan, Tionghoa, nelasan leuwih ti 69.000 jalma.
  • 2010 – Pasawat Afriqiyah Airways Nomer 771 murag nalika geus rék anjog ka Bandara Internasional Tripoli di Tripoli, Libya, nelasan 103 tina 104 jalma sajeroeunna.
  • 2015 – Lini rohaka Népal nelasan 218 jalma sarta nyideraan leuwih ti 3.500 uang lianna.
  • 2017 – Serangan ransomware narajang ka leuwih ti 400 rébu komputer di sakuliah dunia, nyusur kana komputer-komputer nu Layanan Kaséhatan Karajaan Inggris jeung Telefonica.
  • 2018 – Saurang jalma nu nyerang make péso di Paris ditémbak nepi ka hanteuna ku pulisi sabada nelasan saurang sarta nyideraan sababaraha urang lianna.
  • 2018 – Kelompok pangbarontak nyerang kota Muse, Myanmar, nelasan saheunteuna 19 jalma. Tentara Pangbébasan Ta'ang ngaku tanggung jawab kana kajadian ieu.
  • 2019 – Jalma basanjata nelasan lima urang jeung saurang pandita di garéja Katolik di Dablo, Burkina Faso, méméh tuluy ngajarah jeung ngaduruk wangunan-wangunan di sabudeureunna.

Nu babar

  • 1820 – Florence Nightingale, parawat Inggris, reformis sosial jeung ahli statistik (td. 1910)
  • 1962 – Emilio Estevez, aktor Amérika
  • 1968 – Tony Hawk, pamaén skateboard Amérika
  • 1981Rami Malek, aktor Amérika
  • 1982 – Marcelo Vieira, pamaén bola Brasil

Nu pupus

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Parawat Internasional
  • Poé Paduli kana Panyakit Myalgic Encephalomyelitis / Sindrom Capé Kronis

Tumbu luar