946 – Raja Edmund I ti Inggris ditelasan ku saurang bangsat nu ku manéhna kungsi diserang nalika kariaan Poé Misa Agustin.
1293 – Lini narajang Kamakura, Kanagawa, Jepang, nelasan kira-kira 23.000 jalma.
1538 – Jenéwa ngusir John Calvin jeung pangiringna ti kota. Calvin hirup di pangbuangan salila tilu taun kahareupna.
1573 – Patempuran Haarlemmermeer, hiji patelak angkatan laut dina Perang Kamerdékaan Walanda.
1637 – Perang Pequot: Pasukan gabungan Inggris jeung Mohega dina pingpinan John Mason, nyerang hiji désa di Connecticut, kurang leuwih 500 urang Pequot ditandasa.
1770 – Révolusi Orlov, hiji usaha pangbarontakan ngalawan ka Kasultanan Utsmaniyah saméméh Perang Kamerdékaan Yunani, lekasan ku kasoranna urang Yunani.
1830 – Akte Pamindahan Urang Indian dikaluakeun ku Kongrés AS; disahkeun ku Présidén Andrew Jackson dua poé ti harita.
1857 – Dred Scott dibébaskeun ku kulawarga Blow, dunungan aslina.
1865 – Perang Sipil Amérika: Jéndral Konféderasi Edmund Kirby Smith, pamingpin divisi Trans-Mississipi Konféderasi, jadi jéndral Konféderasi nu pamungkas nu taluk, di Galveston, Texas.
1869 – Universitas Boston dirasmikeun ku Pasamakmuran Massachusetts.
1879 – Rusia jeung Karajaan Inggris néken Perjangjian Gandamak pikeun ngadegkeun nagara Afghan.
1896 – Nicholas II jadi Tsar Karajaan Rusia nu pamungkas.