15 Méi

Kaping dina sistim kalénder
1234
567891011
12131415161718
19202122232425
262728293031 
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

15 Méi nyaéta poé ka-135 dina sataun (ka-136 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 230 poé.

Kajadian

  • 221 – Liu Bei, panglima perang Tionghoa, ngaproklamirkeun manéh minangka kaésar Shu Han, gaganti Dinasti Han.
  • 1536 – Anne Boleyn, ratu Inggris, dikeunaan hukuman mati pikeun dakwaan panghianatan, milampah teu uni jeung incest.
  • 1618Johannes Kepler muguhkeun pamanggih manéhna nu saméméhna ditolak ngeunaan hukum katilu pagérakan planét.
  • 1648 – Perjangjian Westphalia ditaréken di Jérman, mungkas perang agama jeung Perang Tilu Puluh Taun di Éropa.
  • 1718 – James Puckle, saurang pangacara London, maténkeun sanjata mesin nu munggaran di dunya.
  • 1730 – Robert Walpole sacara éféktif jadi PM Karajaan Inggris nu munggaran.
  • 1792 – Perang Koalisi Kahiji: Perancis nyatakeun perang ka Karajaan Sardinia.
  • 1796 – Perang Koalisi Kahiji: Napoléon hasil ngarebut Milan.
  • 1800 – Raja George III ti Karajaan Inggris salamet tina usaha panelasan ku James Hadfield, nu antukna dibébaskeun ku alatan teu cageur.
  • 1836 – Francis Baily naliti "geulang Baily” dina samagaha cingcin.
  • 1850 – Pangbantéyan Pulo Geutih lumangsung di Lake County, California, di mana sajumlah gedé Indian Pomo dibantéy ku Kavaleri AS.
  • 1850 – Perjangjian Kidul-Arana disahkeun, mungkas “ayana bébéda gedé” antara Karajaan Inggris jeung Argéntina.
  • 1904 – Perang Rusia-Jepang: Rusia nyebarkeun ranjau di sajauh 15 mil ti Darmaga Arthur sarta hasil nilemkeun kapal Jepang Hatsuse, nu beuratna 15.000 ton sarta ngakut 496 kru jeung kapal Yashima.
  • 1911 – Leuwih ti 300 urang imigran Tionghoa ditandasa nalika pasukan Révolusi Méksiko pingpinan Emilio Madero ngarebut Kota Torreon ti urang Federal.
  • 1919 – Panalukan Yunani ka Smyrna. Wanci panalukan, tentara Yunani nelasan atawa nyideraan nepi ka 350 urang Turki, dipingpin ku Komandan Aristides Stergiades.
  • 1928 – Karakter Walt Disney, Mickey Mouse munggaran midang dina pilem kartun kahijina, "Plane Crazy".
  • 1929 – Kahuruan di Klinik Cleveland di Cleveland, Ohio, nelasan 123 jalma.
  • 1932 – Dina hiji usaha kudéta, PM Jepang Inukai Tsuyoshi ditelasan.
  • 1940Perang Dunia II: Sabada campuh tohaga, Walanda nyerah ka Jérman, ngamimitian pangdiukan Jérman salila lima taun.
  • 1940 – McDonald's muka réstoran kahijina di San Bernardino, California.
  • 1945 – Perang Dunia II: Patempuran Poljana, campuh pamungkas di Éropa, di deukeut Prevalje, Slovénia.
  • 1948 – Ku lekasanna mandat Inggris di Palestina, Karajaan Mesir, Transyordania, Libanon, Suriah, Irak jeung Arab Saudi nyerang Israél, ngamimitian Perang Arab-Israél 1948.
  • 1972 – Kapuloan Ryukyu nu aya dina pangawasaan AS ti saprak ditalukkeun di taun 1945, dipulangkeun ka Jepang.
  • 1972 – Di Laurel, Maryland, Arthur Bremer némbak jeung ngalumpuhkeun Gupernur Alabama George Wallace nalika manéhna keur kampanye nyalonkeun présidén.
  • 1988 – Sabada dalapan taun perang, Soviét mimiti narik mundur 115.000 pasukanna ti Afghanistan.
  • 1991 – Édith Cresson jadi PM Perancis awéwé nu munggaran.
  • 2004Arsenal F.C. teu ngarandapan kasoran dina sapanjang musim liga Inggris, marengan Preston North End F.C meunangkeun gelar "The Invincibles".
  • 2010 – Jessica Watson jadi jalma pangorana nu hasil balayar ngurilingan dunya sosoranganan.
  • 2013 – Kaheurasan di Irak ngakibatkeun maotna 389 jalma nu lumangsung salila tilu poé.
  • 2017 – Déwan Kaamanan PBB ngutuk kana uji coba misil Koréa Kalér.
  • 2017 – Kaayaan darurat dikedalkeun di Sanaa, Yaman, sabada wabah koléra nerekab nelasan 115 jalma.
  • 2018 – Pulitisi Malaysia, Anwar Ibrahim dibébaskeun ti panjara sabada meunang pangampunan ti Raja Muhammad V.
  • 2018 – Lima puluh dalapan urang Palestina perlaya ku pasukan Israél sarta 1.700 lianna asup rumah sakit di wates Gaza nalika protés kana pangbukaan kadutaan AS di Yerusalem.
  • 2018 – Jambatan kontrovérsial nu ngahubungkeun Rusia jeung daérah caplokan Kriméa dibuka ku Présidén Vladimir Putin. Panjangna 19 km, mangrupa jambatan pangpanjangna di Éropa.
  • 2019 – Lima pausahaan téhnologi panggedéna janji bakal méréskeun matéri-matéri ékstrimis alatan “Kajadian Christchurch”, dialpukahan di Paris ku Jacinda Ardern jeung Emmanuel Macron.

Nu babar

  • 1859 – Pierre Curie, élmuwan Perancis (td. 1906)
  • 1942Jusuf Kalla, waprés RI
  • 1978 – Edu, pamaén bola Brasil
  • 1982 – Alexandra Breckenridge, artis Amérika
  • 1987 – Andy Murray, pamaén ténes Skotlandia
  • 1990 – Stella Maxwell, modél Selandia Anyar
  • 1996 – Birdy, musisi Inggris
  • 1997 – Ousmane Dembélé, pamaén bola Perancis

Nu pupus

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar