Bérlin
Bérlin (/bɜːrˈlɪn/; pronunsiasi basa Jérman: [bɛɐ̯ˈliːn] ( dangukeun)) nyaéta puseur dayeuh jeung kota panggedéna di Jérman dina luas jeung populasina (3.748.148 jelema dina 2018).[2] Ieu kota mangrupa salah sahiji ti 16 nagara bagéan féderal Jérman. Ieu kota dikurilingan ku nagara bagéan Brandenburg, nu deukeutan jeung puseur dayeuhna, Potsdam. Duanana pernahna di tengah wewengkon puseur dayeuh Bérlin-Brandenburg, nu pangeusina kira-kira genep juta jeung luasna leuwih ti 30.000 km²,[4] wewengkon métropolitan katilu panggedéna di Jérman saanggeus wewengkon Rhein-Ruhr jeung Rhein-Main.
Bérlin | |||
---|---|---|---|
Puseur dayeuh jeung nagara bagéan | |||
Ti luhur: Poto langit jeung Menara TV, langit City West jeung Garéja Mémorial Kaisar Wilhelm, Gerbang Brandenburg, Galeri Sisi Wétan (Témbok Bérlin), Jembatan Oberbaum di luhur Spree, gedong Reichstag (Bundestag) | |||
| |||
Koordinat: 52°31′00″N 13°23′20″E / 52.51667°N 13.38889°E 13°23′20″E / 52.51667°N 13.38889°E | |||
Nagara | Jérman | ||
Nagara bagéan | Bérlin | ||
Pamaréntahan | |||
• Badan | Abgeordnetenhaus Bérlin | ||
• Pamaréntahan Wali Kota | Michael Müller (SPD) | ||
Lega | |||
• Kota/Nagara Bagéan | 891,1 km2 (3,441 sq mi) | ||
[1] | |||
Luhurna | 34 m (112 ft) | ||
Pangeusi (31 Désémber 2018)[2] | |||
• Kota/Nagara Bagéan | 3.748.148 | ||
Démonim | Berliner(s) (Inggris) Berliner (m), Berlinerin (f) (Jérman) | ||
Zona wanci | UTC+01:00 (CET) | ||
• Usum Panas (DST) | UTC+02:00 (CEST) | ||
Kode wewengkon | 030 | ||
Geocode | Wewengkon NUTS: DE3 | ||
Kode ISO 3166 | DE-BE | ||
Régistrasi tutumpakan | B[3] | ||
Ramatloka | www |
Bérlin pernahna di kadua sisi tepi Walungan Spree, nu ngalir ka Walungan Havel (budak Walungan Elbe) di kulon Spandau. Di antara sipat topografi utama ieu kota téh nyaéta loba situ di kulon jeung tenggara wewengkon nu diwangun ku walungan Spree, Havel, jeung Dahme (situ nu panggedéna nyaéta Situ Müggelsee). Ku sabab pernahna di Dataran Éropa, Bérlin kapangaruh ku iklim usuman sedeng. Kurang leuwih sapertilu wewengkon kota diwangun ku leuweung, taman, kebon, walungan, kanal, jeung situ.[5] Ieu kota pernahna di wewengkon dialék Jérman Tengah, dialék Bérlin jadi jenis lian ti dialék Lusatia-New March.