1707 – Akte Pangahijian nu ngagabungkeun Inggris jeung Skotlandia pikeun ngadegkeun Karajaan Inggris Raya mimiti lumaku.
1753 – Publikasi buku Species Plantarum beunang Linnaeus, sarta tanggal rasmi diadopsina taksonomi tutuwuhan ku Kode Internasional Nomenklatur Botani.
1776 – Pangadegan Illuminasi di Ingolstadt, Bavaria Tonggoh, ku guru Jesuit, Adam Weishaupt.
1794 – Perang Pyrenees: Patempuran Boulou lekasan, Perancis ngéléhkeun Spanyol sarta meunangkeun deui ampir kabéh wilayah nu leupas ka Spanyol di taun 1793.
1840 – Penny Hideung, prangko rapet munggaran nu rasmi, dikaluarkeun ku Karajaan Inggris.
1865 – Karajaan Brasil, Argéntina jeung Uruguay néken Perjangjian Tilu Aliansi.
1886 – Pawéi lumangsung di sakuliah AS nungtut kana waktu gawé dalapan jam sapoé, muncak kana insidén Haymarket di Chicago, dina raraga miélingna, tanggal 1 Méi direuah-reuah minangka Poé Pagawé/Buruh Internasional di réa nagara.
1898 – Perang Spanyol-Amérika: Patempuran Basisir Manila: Skuadron Asia Angkatan Laut AS ngancurkeun Skuadron Pasifik Angkatan Laut Spanyol.
1900 – Musibah di Tambang Scofield, di Scofield, Utah, nelasan leuwih ti 200 jalma, mangrupa kacilakaan tambang pangparahna kalima dina sajarah AS.
1925 – Féderasi Sarikat Dagang Sa-Cina sacara rasmi diadegkeun. Kiwari mangrupa panggedé-gedéna sarikat dagang di dunya, ku jumlah anggota 134 juta urang.
1929 – Lini 7,2 Mw Kopet Dag narajang wilayah wates Iran-Turkmenistan, nelasan nepi ka 3.800 urang sata nyideraan 1.121 lianna.
1939 – Batman munggaran dipidangkeun dina Detective Comics #27
1944 – Perang Dunia II: Dua ratus urang tahanan Komunis ditémbak ku urang Jérman di Kaisariani, Athéna, dina raraga males pati maotna Jénderal Franz Krech ku para partisan di Molaoi.
1945 – Perang Dunia II: Kira-kira sarébu urang warga Demmin di Jérman maraéhan manéh sabada arasupna Tentara Beureum Soviét.
1946 – Dimimitianna serangan tilu taun Pilbara ka pribumi Australia.
1946 – Konferénsi Daméy Paris muguhkeun yén Kapuloan Dodecanes kudu dipulangkeun ku Italia ka Yunani.
1956 – Saurang dokter di Jepang ngalaporkeun “épidemik hiji panyakit sistem sarap pusat nu can kanyahoan”, nandaan panimuan rasmi kana panyakit Minamata.
1957 – Tilu puluh genep maraot nalika pasawat Vickers Viking murag di Hampshire, Inggris.
1960 – Perang Tiis: Insidén U-2: Francis Gary Powers, sajeroeun pasawat mata-mata Lockheed U-2, ditémbak murag di saluhureun Propinsi Sverdlovs, Uni Soviét, nu ngakibatkeun krisis diplomatik.
1961 – PM Kuba, Fidel Castro, nyatakeun yén Kuba minangka nagri sosialis sarta ngahapus pamilu.
1967 – Elvis Presley jeung Priscilla Beaulieu ngadahup di Las Vegas.
1977 – Tilu puluh genep jalma palastra dina pareuah-reuahan Poé Buruh di Alun-Alun Taksim, Istambul.
1978 – Naomi Uemura ti Jepang, lumampah nunggang karéta luncur anjing, jadi jalma munggaran nu nepi ka Kutub Kalér sosoranganan.
1993 – Dingiri Banda Wijetunga otomatis jadi présidén Sri Langka sabada maotna R Premadasa alatan bom LTTE.
1994 – Juara Dunia tilu kali Formula Hiji, Ayrton Senna, nemasing pati dina hiji kacilkaan nalika keur mingpin dina balap Gand Prix San Marino di Imola.
1999 – Jasad pandaki gunung Inggris, George Mallory katimu di Gunung Everest, 75 taun ti saprak dirina leungit di taun 1924.
2001 – Présiden Philipina Gloria Macapagal Arroyo nyatakeun kajadian “pangbarontakan”, sababaraha jam sabada pangrojong pamingpin ti heula nu keur ditahan, Joseph Estrada, nyerang ka istana présidén dina kajadian puncak pangbarontakan EDSA III.
2003 – Serangan ka Irak: Dina kajadian nu katelah ku pidato “Tugas Réngsé”, dina saluhureun kapal Abraham Lincoln (di leupas basisir California), Présidén AS George W. Bush, nyatakeun yén “patempuran utama di Irak geus lekasan”.
2004 – Siprus, Républik Céko, Éstonia, Hongaria, Latvia, Malta, Polandia, Slovakia jeung Slovénia ngagabung ka Uni Éropa, dirayakeun di padumukan Présidén Irlandia di Dublin.
2018 – Panyerang Liverpool asal Mesir, Mohamed Salah jadi urang Afrika munggaran nu meunangkeun panghargaan Pamaén Bola Inggris Taun Ieu vérsi para panulis ménbal.
2019 – Genep belas soldadu India kaasup supirna maraot alatan serangan ranjau Naxalite di Distrik Gadchiroli, India.
2019 – Naruhito sacara rasmi ngagantikeun bapana, Akihito, minangka Kaésar Jepang.
2019 – Julian Assange, nu ngilu ngadegkeun Wikileaks, dihukum panjara 50 minggu alatan ngalanggar syarat jaminan di London.
Nu babar
1738 – Kamehameha I, raja Hawaii (1782-1819) (td. 1819)
1852 – Calamity Jane, wanita pasisian tur pamandu profésional Amérika (td. 1903)
1975 – Marc-Vivien Foé, pamaén bola Kamérun (td. 2003)