20 Oktober

12345
6789101112
13141516171819
20212223242526
2728293031 
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

20 Oktober nyaéta poé ka-293 dina sataun (ka-294 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 72 poé.

Kajadian

  • 1677 - Poé Jadi Kabupatén Bojonegoro - Jawa Wétan
  • 1756 - Tamjidullah I, Sultan Kasultanan Banjar di Kalimantan nyieun pajangjian jeung VOC.
  • 1964 - Diadegkeunna Partéy Golongan Karya.
  • 1968 - Isro Mi'raj Nabi Muhammad SAW jadi poé peré nasional.
  • 1968 - Manten Ibu Nagara Amérika, Jacqueline Kennedy kawin ka pangusaha kapal Yunani, Aristotle Onassis.
  • 1977 - Kapal udara grup band Lynryd Skynryd ragrag di Mississipi, vokalis Ronnie Van Zant jeung gitaris Steve Gaines palastra dina kacilakaan éta.
  • 1999 - Gusdur dilantik jadi Presiden RI ka-4.
  • 1991 - Lini 6,8SR naraajang Uttarkashi India, korban maot leuwih ti 1.000 jalma.
  • 2004 - Susilo Bambang Yudhoyono dilantik jadi Présidén Indonésia ka-6.
  • 2008 - Diresmikeunna Unicode Aksara Sunda Baku.
  • 2009 - Susilo Bambang Yudhoyono dilantik deui jadi Presiden Indonesia.
  • 2010 - Ganti ngaran saluran TPI jadi MNCTV.
  • 2011 - Muammar Gaddafi dicerek ku pasukan pamumpang di kota asalna Sirte, sarta teu lila tuluy dipaténi.

Nu babar

  • 1632 – Christopher Wren, Élmuwan Inggris (td. 1723
  • 1964 – Kamala Harris, pulitisi AS
  • 1971 - Snoop Dogg, rapper Amérika
  • 1971 - Dannii Minogue, tukang ngawih Ustrali
  • 1979 - John Krasinski, aktor Amérika
  • 1996 - Anthony Sinisuka Ginting, pamaén batminton Indonésia

Nu pupus

  • 1964 – Herbert Hoover, présidén AS ka-31 (l. 1874)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Osteoporosis Sadunya
  • Poé Statistika Sadunya

Tumbu luar