16 Oktober

12345
6789101112
13141516171819
20212223242526
2728293031 
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

16 Oktober nyaéta poé ka-289 dina sataun (ka-290 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 76 poé.

Kajadian

  • 1793 - Ratu Perancis Marie Antoinette dihukum mati.
  • 1813 - Patempuran Leipzig, patempuran pangtohagana di Éropa saméméh PD I, pasukan Napoleon kasoran ku Prusia, Austria jeung Rusia.
  • 1905 - Sarékat Dagang Islam dibentuk ku Haji Samanhudi. Ieu organisasi minangka taratas kabinangkitan nasional.
  • 1923 - The Walt Disney Company diadegkeun ku Walt Disnéy jeung dulurna Roy O. Disnéy
  • 1946 - Prosés Nürnberg: Éksékusi para pamingpin Nazi nu kabuktian salah kalawan hukuman gantung.
  • 1962 - Krisis misil Kuba dimimitian nalika poto-poto nu ngabuktikan nyampakna misil Soviét di Kuba ditempokeun ka JFK.
  • 1964 - Républik Rahayat Tiongkok ngabeledugkeun bom atum munggaranna.
  • 1973 - Henry Kissinger jeung Lê Đức Thọ meunang Nobel Perdaméan.
  • 1984 - Desmond Tutu, pajoang anti apartheid jeug pajoang HAM ti Afrika Kidul meunangkeun Nobel Perdaméan.
  • 1991 - George Hennard ngamuk di Killen, Texas, nembak tur maténi 23 jalma sarta natuan 20 lianna.
  • 2004 - Arsenal F.C. éléh nu mimiti dina liga utama saprak 7 Méi 2003, nyiptakeun rékor anyar 49 patandingan eu kaéléhkeun.
  • 2017 - Aniés Baswédan jeung Sandiaga Uno dilantik jadi Gubernur jeung Wakil Gubernur DKI Jakarta périodeu 2017-2022.

Nu babar

  • 1758 – Noah Webster, ahli léksikographer Amérika (td. 1843)

Nu pupus

  • 1793 - Marie Antoinette, ratu Perancis, maot di Paris, Perancis. (l. 1755)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poe Anéstési Sadunya
  • Poé Kadaharan Sadunya

Tumbu luar