7 Oktober

12345
6789101112
13141516171819
20212223242526
2728293031 
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

7 Oktober nyaéta poé ka-280 dina sataun (ka-281 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 85 poé.

Kajadian

  • 1571 - Dinasti Habsburg meunang di Patempuran Lepanto.
  • 1756 - Sultan Hamengkubuwana I sacara resmi pindah ka Karaton Ngayogyakarta Hadiningrat.
  • 1806 - Kertas karbon dipaténkan di London ku pamanggihna, Ralph Wedgewood.
  • 1919 - KLM diadegkeun, sangkan jadi pausahaan maskapai pangkolotna nu masih ngagunakeun ngaran nu sarua.
  • 1933 - Air France diresmikeun sanggeus dibentuk ti gagabungan lima maskapai panerbangan Perancis.
  • 1949 - Jerman Timur (dina basa Jérman: Deutsche Demokratische Republik) diadegkeun di wewengkeun pangawasaan Uni Soviét di Jérman.
  • 1950 - Pasukan Amérika Sarikat nginvasi Koréa Kalér ku ngaliwatan paralél ka-38.
  • 1999 - IKIP Bandung dirobah jadi Universitas Pendidikan Indonésia ku Kaputusan Présidén RI Nomer 124 taun 1999.
  • 2001 - Dimimitianna Perang Afganistan ku invasi Amérika Sarikat.
  • 2004 - Norodom Sihanouk amit mungkur ti tahta Raja Kamboja.
  • 2007 - Fauzi Bowo jeung Prijanto dilantik jadi Gubernur jeung Wakil Gubernur DKI Jakarta masa bakti 2007-2012.
  • 2011 - Maria Séléna jadi Putri Indonésia 2011.

Nu babar

  • 1885Niels Bohr, fisikawan Dénmark (td. 1962)
  • 1897 – Elijah Muhammad, pamingpin agama di Amérika (td. 1975)
  • 1931 – Desmond Tutu, uskup Afrika Kidul
  • 1949 – Dave Hope, pamaén bass Amérika (Kansas)

Nu pupus

  • 1849Edgar Allan Poe, pangarang Amérika (l. 1809)
  • 1950 – Willis Haviland Carrier, insinyur Amérika (l. 1876)
  • 1981 - Bung Tomo, panyiar radio pajoang Indonésia dina mangsa kamérdékaan, maot di Padang Arafah, Arab Saudi. (l. 1920)

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar