1286 - Prasasti Padang Roco nyebutkeun yén Kertanagara, raja Singosari di Jawa, ngahadiahkeun hiji Arca Amoghapasa ka Tribhuwanaraja, raja Malayu Dharmasraya di Sumatra.
1541 – Turki Utsmani, dina pingpinan Sulaiman Agung ngarebut Buda, puseur nagri Karajaan Hongaria, sarta nepi ka 150 taun kahareupna Turki tuluy ngadominasi puseur Hongaria.
1718 – Chareles VI ti Karajaan Romawi Suci néken pasini daméy jeung Turki sarta Vénisia.
1864 - Dua welas nagara nandatangan Konvénsi Jénéwa Munggaran pikeun nangtayungan korban perang, ngawanohkeun lambang cakra beureum.
1942 – Perang Dunia II: Kampanye Gudalcanal: Pasukan Amérika ngéléhkeun pasukan Karajaan Jepang dina Patempuran Tenaru.
1944 – Konferénsi Dumbarton Oaks, minangka pangwawanoh kana PBB, dimimitian.
1945 - Sidang Panitia Persiapan Kamerdékaan Indonésia nangtukeun pabentukan Badan Kaamanan Rahayat pikeun ngajaga kaamanan umum di Républik Indonésia.
1957 – Uni Soviét hasil nguji coba mesatkeun R-7 Semyorka, misil balitik antar benua nu munggaran.
1959 – Hawaii ngagabung ka AS minangka nagara bagéan ka-50.
1968 – Pasukan Pakta Warsawa ngaréngsékeun serangan ka Cékoslowakia ku nahan pamingpin Céko, Alexander Dubček sarta maksa manéhna sangkan néken Protokol Moskow.
2006 - Pulkovo Airlines Panerbangan 612 murag di deukeut wawatesan Rusia-Ukraina; 160 panumpang jeung 10 awak pasawat palastra.
Nu babar
1936 – Wilt Chamberlain, pamaén baskét Amérika (td. 1999)