19 Agustus

123
45678910
11121314151617
18192021222324
25262728293031
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

19 Agustus nyaéta poé ka-231 dina sataun (ka-232 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 134 poé.

Kajadian

  • 1895 - Taiwan aya dina kakawasaan Jepang sanggeus Cina kapaksa ngaleupaskeun Kapuloan Taiwan ku sabab éléh perang ti Jepang. Jepang ngawasana kawilang lila, nyaéta nepi ka Perang Dunia II.
  • 1919 - Afganistan merdéka ti Inggris.
  • 1944 - Perang Dunya II: Lekasanna Operasi Bagration.
  • 1945 - Perang Viétnam: Viet Minh pingpinan Ho Chi Minh ngawasa di Hanoi, Viétnam.
  • 1945 - Présidén Sukarno ngangkat Mr. Dr. R.S.E. Koesoemah Atmadja minangka Ketua Mahkamah Agung Républik Indonésia nu tuluy ditetepkeun minangka poé jadi Mahkamah Agung, liwat Surat Kaputusan Ketua Mahkamah Agung RI Nomer KMA/043/SK/VIII/1999 ngeunaan Panetepan Poé Jadi Mahkamah Agung Républik Indonésia.
  • 1945 - Mimiti ditetepkeunna Jawa Kulon minangka Propinsi di Républik Indonésia
  • 1953 - CIA mantuan militer Iran pikeun ngudéta pamaréntahan Mohammed Mossaddeq sangkan nyerahkeunn kakawasaanana ka Syah Iran

Nu babar

  • 1871 – Orville Wright, ahli pasawat Amérika (td. 1948)
  • 1883 – Coco Chanel, Juru disain baju Perancis (td. 1971)
  • 1919 – Malcolm Forbes, juru pedal Amérika (td. 1990)
  • 1946 – Bill Clinton, présidén AS ka-42
  • 1963 – John Stamos, aktor Amérika
  • 1969 – Matthew Perry, aktor Amérika
  • 1971 – João Vieira Pinto, pamaén bola Portugis
  • 1973 – Marco Materazzi, pamaén bola Italia
  • 1986 – Christina Perri, tukang ngawih Amérika

Nu pupus

  • 14 SM – Augustus, kaésar Romawi munggaran (l. 63 SM)
  • 1662Blaise Pascal, élmuwan tur pilosop Perancis (l. 1623)
  • 1822 – Jean Baptiste Joseph Delambre, matématikawan tur pilosop Perancis (l. 1749)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Kamanusaan Dunia

Tumbu luar