4 Agustus

123
45678910
11121314151617
18192021222324
25262728293031
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

4 Agustus nyaéta poé ka-216 dina sataun (ka-217 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 149 poé.

Kajadian

  • 1821 – Ékspédisi Antartika Rusia nu dipingpin ku Fabian Gottlieb von Bellingshausen mulang ka Kronshtadt sabada jadi rombongan munggaran nu hasil ngurilingan Antartika.
  • 1824 – Patempuran Kos lumangsung antara Kasultanan Usmaniyah jeung tangtara Yunani.
  • 1873 – Perang Indian: nalika keur ngajaga rombongan survéy jalan rél di Montana, Kavaleri ka-7 AS nu dipingpin ku Létkol George Armstrong Custer, patelak munggaran jeung Suku Sioux di deukeut Leuwi Tongue, masing-masing pihak kaleungitan hiji nyawa.
  • 1914 - Perang Dunya I: Inggris ngawawarkeun perang ka Jérman, sedengkeun Amérika Sarikat ngedalkeun nétralitas éta nagara.
  • 1916 - Amérika Sarikat meuli Kapuloan Virgin ti Dénmark regana 25 yuta dolar AS.
  • 1949 - Kabinét Hatta I nu nganjrek di Yogyakarta lekasan mancén sarta diganti ku Kabinét Hatta II.
  • 1983 - Kudéta nu dipilampah ku Blaise Compaoré ngabalukarkeun Thomas Sankara jadi Présidén Volta Hulu.
  • 1995 – Operaesi Badéy dimimitian di Kroasia, tentara Kroasia nyerang wailaya nu dikawasa ku Républik Sérbia Krajina dna hiji patempuran darat pangtohagana ti saprak Perang Dunia II.
  • 2011 - Kaulinan Cut the Rope: Experiments dirilis.
  • 2020 – Hiji beledugan tohaga nu diangkeuh asalna tina gudang kembang api jeung paneundeunan amonium nitrat kajadian di palabuan Kota Béirut, Libanon. Saheunteuna 135 urang palastra sarta leuwih ti 5.000 urang tatu.

Nu babar

  • 1821 – Louis Vuitton, pangusaha pakéan Perancis (td. 1892)
  • 1900 – Ratu Elizabeth, ratu Inggris (td. 2002)
  • 1930 – Ali al-Sistani, imam Iran
  • 1940 - Abdurrahman Wahid, présidén Indonésia ka-4
  • 1961Barack Obama, présidén AS ka-44
  • 1974 – Kily González, pamaén bola Argéntina
  • 1977 – Luís Boa Morte, pamaén bola Portugis
  • 1981 – Meghan Markle, anggota kulawarga Karajaan Inggris
  • 1985 – Crystal Bowersox, musisi Amérika
  • 1992 – Dylan Sprouse, aktor Amérika
  • 1992 – Cole Sprouse, aktor Amérika

Nu pupus

  • 1875 – Hans Christian Andersen, pangarang dongéng budak ti Dénmark (l. 1805)
  • 2009 – Mbah Surip, tukang ngawih Indonésia (l. 1957).

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar