845 – Paris dijarah ku panyerbu Viking, kamungkinan dipingpin ku Ragnar Lodbrok.
1430 – Kasultanan Utsmani dina pingpinan Murad II ngarebut Thessalonica ti Républik Venice.
1461 – Patempuran Towton: Edward ti York ngéléhkeun Ratu Margaret sarta jadi Raja Edward IV, ngabalukarkeun reureuhna saheulaanan Perang Mawar.
1632 – Perjangjian Saint-Germain ditaréken, malikkeun kakawasan Perancis ka Quebec sabada dikepung ku Inggris ti taun 1629.
1792 – Raja Gustav III ti Swédia nemasing pati sabada ditémbak dina hiji Opera Karajaan Stockholm 13 poé saméméhna. Manéhna tuluy digantikeun ku Gustav IV Adolf.
1857 – Sepoy Mangal Pandey ti Resimén ka-34 Infanteri Pribumi Béngal, barontak ngalawan kakawasaan Pausahaan India Wétan Inggris di India, sarta ngailhaman kana Pangbarontakan 1857 nu katelah ku Pangbarontakan Sepoy.
1867 – Ratu Victoria ngasahkeun Akte Amérika Kalér Inggris nu ngadegkeun Kanada dina tanggal 1 Juli.
1879 – Perang Anglo-Zulu: Patempuran Kambula: Pasukan Inggris ngéléhkeun 20.000 urang Zulu.
1886 – John Pemberton munggaran ngaracik Coca-Cola di hiji pakarangan tukang di Atlanta.
1941 – Perang Dunia II: Angkatan Laut Inggris jeung Australia ngéléhkeun Angkatan Laut Italia kaluar ti basisir Peloponnesia, Yunani dina Patempuran Bojong Matapan.
1945 – Perang Dunia II: Poé pamungkas serangan bom ngapung V-1 ka Inggris.
1962 – Arturo Frondizi, présidén Argéntina disingkirkeun dina hiji kudéta militer ku tentara Argéntina, mungkas krisis konstitusional 11½ poé.
1971 – Pangbantéyan My Lai: Létnan William Calley didakwa pikeun panelasan nu dihajakeun sarta meunang hukuman panjara saumur hirup.
1973 – Perang Viétnam: Sérsan Max Beilke, jadi soldadu perang pamungkas AS nu ninggalkeun Viétnam Kidul.
1973 – Operasi Barrel Roll, hiji pangeboman rahasiah AS di Laos pikeun nyegah nyusupna komunis ti Viétnam Kidul, lekasan.
1974 – Pasukan Térakota katimu di Propinsi Shaanxi, Tionghoa.
1999 – Lini 6,8 Mw narajang Distrik Chamoli di Uttar Pradesh, nelasan 103 jalma.
2002 – Dina raraga ngawales serangan Passover ku Hamas, Israél mesatkeun Operasi Tameung Panahan ngalawan militan Palestina, panggedé-gedéna operasi militer di Sisi Kulon ti saprak Perang Genep Poé taun 1967.
2004 – Bulgaria, Estonia, Latvia, Lithuania, Romania, Slowakia, jeung Slovenia arasup NATO minangka anggota pinuh.
2010 – Dua bom maéhan manéh di dua Métro Moskow dina puncak jam sibuk wanci isuk-isuk, nelasan 40 jalma.
2013 – Saheunteuna 36 jalma palastra nalika wangunan 16 tingkat rugrug di Darussalam, Tanzania.
2013 – Sapuluh jalma palastra sarta 31 lianna cidera dina hiji beledugan di saluareun konsulat AS di Paskistan.
2017 – Saurang patani di Sulawesi diteureuy ku oray sanca.