6 Maret

12
3456789
10111213141516
17181920212223
24252627282930
31 

6 Maret nyaéta poé ka-65 dina sataun (ka-66 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 300 poé.

Kajadian

  • 632 – Khutbah Wada (pamungkas) Kanjeng Nabi Muhammad SAW (09 Dzulhijjah 10 H), di Jabal Arafah.
  • 1521Ferdinand Magellan nepi ka Guam.
  • 1834 – York, Kanada Tonggoh, dirasmikeun minangka Toronto.
  • 1836 – Révolusi Texas: Patempuran Alamo - Sabada 13 poé pangepungan ku 3.000 tentara Méksiko, 187 sukarélawan Texas, kaasup inohong sohor Davy Crockett jeung Jim Bowie nu mertahankeun Alamo naremasing pati sarta bénténgna karebut.
  • 1869 – Dmitri Mendeleev mintonkeun tabel périodik ka Masarakat Kimia Rusia.
  • 1882 – Karajaan Sérbia diadegkeun deui.
  • 1899 – Bayer ngadaptarkeun "Aspirin" minangka mérek dagang.
  • 1902Real Madrid CF diadegkeun.
  • 1912 – Perang Italia-Turki: Pasukan Italia jadi pasukan nu munggaran nu ngagunakeun pasawat tempur pikeun murag-muragkeun bom ka pasukan Turki nu ngémah di Janzur, tina luhur 6.000 kaki.
  • 1930 – Démonstrasi global Poé Pangangguran Internasional dimimitian ku Komintern.
  • 1943Perang Dunia II: Patempuran Fardykambos antara Pajoang Yunani ngalawan Tentara Karajaan Italia, réngsé ku nyarerahna sakabéh batalion Italia.
  • 1945 – Perang Dunia II: Cologne karebut ku pasukan Amérika.
  • 1945 – Perang Dunia II: Operasi Spring Awakening, serangan pamungkas Jérman dina perang éta dimimitian.
  • 1953 – Georgy Malenkov ngagantikeun Joseph Stalin minangka pupuhu Uni Soviét.
  • 1957Ghana jadi nagara sub-Sahara nu munggaran nu meunang kamerdékaan ti Inggris.
  • 1964 – Pamingpin Bangsa Islam Elijah Muhammad sacara rasmi mére ngaran gaganti ka juara dunia tinju Cassius Clay ku Muhammad Ali.
  • 1967Perang Tiis: Budak awéwé Joseph Stalin, Svetlana Alliluyeva, biluk ka Amérika Sarikat.
  • 1975 – Kasapukan Aljazair: Iran jeung Irak ngaréngsékeun pacogrégan wates nagarana.
  • 1987 – Kapal féry Inggris MS Herald of Free Enterprise tibalik dina ngan 90 detik, nelasan 193 jalma.
  • 1988 – Tilu urang sukarélawan IRA ditémbak mati ku SAS di Jibraltar dina Operasai Flavius.
  • 1992 – Virus komputer Michelangelo mimiti medal.
  • 2003 – Pasawat Maskapai Aljazair 6289 murag di Aguenar, Bandara Haji Bey Akhamok di Tamanrasset, Aljazair, nelasan 102 ti 103 jalma sajeroeunna.
  • 2008 – Saurang pangebom maéhan manéh nelasan 68 jalma (kaasup dirina) di Baghdad, dina poé nu sarua saurang jalma basanjata nelasan dalapan budak sakola di Yérusalem.
  • 2020 – Bom maéhan manéh ngabeledug di saluareun Kadutaan AS di Tunis, Tunisia, nelasan saurang pulisi sarta nyideraan lima urang lianna.

Kalahiran

  • 1911Achdiat Karta Mihardja, sastrawan ndonésia (td. 2011)
  • 1972 – Shaquille O'Neal, pamaén baskét Amérika
  • 1987 – Kevin-Prince Boateng, pamaén bola Jerman-Ghana

Nu Pupus

  • 1836 – Korban Patempuran Alamo
    • James Bonham, soldadu jeung pangacara Amérika (l. 1807)
    • James Bowie, kolonél Amérika (l. 1796)
    • Davy Crockett, soldadu jeung pulitisi Amérika (l. 1786)
    • William B. Travis, létnan kolonél jeung pangacara Amérika (l. 1809)
  • 2014 – Jojon, tukang bodor Indonésia (l. 1947)
  • 2016 – Nancy Reagan, Ibu nagara Amérika ka-42 (l. 1921)
  • 2016 – Ireng Maulana, musisi Indonésia (l. 1944)

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar

https://www.search.com.vn/wiki/en/March_6