3 Maret

12
3456789
10111213141516
17181920212223
24252627282930
31 

3 Maret nyaéta poé ka-62 dina sataun (ka-63 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 303 poé.

Kajadian

  • 1575 – Raja Akbar ti Mogul ngéléhkeun pasukan Sultan Béngal Daud Khan Karrani dina Patempuran Tukaroi.
  • 1585 – Téater Olimpik nu dirancang ku Andrea Palladio, dirasmikeun di Vicenza.
  • 1776 – Perang Révolusioner Amérika: Patempuran Nassau dimimitian.
  • 1779 – Perang Révolusioner Amérika: Pasukan Kontinéntal kasoran dina Patempuran Brier Creek di deukeut Savannah, Georgia.
  • 1799 – Pengepungan Rusia-Turki Utsmani ka Pulo Corfu réngsé ku nyarerahna garnisun Perancis.
  • 1857 – Perang Candu Kadua: Perancis jeung Inggris nyatakeun perang ka Tionghoa.
  • 1861 – Alexander II ti Rusia néken Manifésto Émansipasi, ngabébaskeun para serf (buruh tani paksa).
  • 1865 – Pangbukaan The Hongkong and Shanghai Banking Corporation (HSBC).
  • 1891 – Leuweung Nasional Shoshone diadegkeun minangka leuweung nasional nu munggaran di AS jeung di dunya.
  • 1918 – Rusia néken Perjangjian Brest-Litovsk, satuju pikeun mundur ti Perang Dunia I sarta nyérénkeun Nagara Baltik, Belarus jeung Ukraina ka Jérman. Ogé nyérénkeun Ardahan, Kars jeung Batumi kana kakawasaan Turki.
  • 1923 – Majalah TIME munggaran medal.
  • 1924 – Opat ratus tujuh taun kakhalifahan Islam di Turki lekasan nalika Khalifah Abdulmecid II disingkirkeun ku Kemal Ataturk.
  • 1924 – Nagara Bébas Fiume dicapluk ku Italia.
  • 1931 – Amérika Sarikat ngangkat lagu The Star-Spangled Banner minangka lagu nasionalna.
  • 1938Minyak katimu di Arab Saudi.
  • 1939 – Di Bombay, Mohandas Gandhi ngamimitian mogok barang dahar dina raraga protés ka pamaréntahan otokrasi India Inggris.
  • 1942Perang Dunia II: Sapuluh pasawat Jepang nyerang Broome, Australia Kulon, nelasan leuwih ti 100 jalma.
  • 1943 – Perang Dunia II: Di London, 173 jalma palastra nalika pasedek-sedek rék asup ka bungker di Stasion Karéta Bethnal Green Tube.
  • 1945 – Perang Dunia II: Pasukan Amérika jeung Philipina ngarebut deui Manila.
  • 1945 – Perang Dunia II: Angkatan Udara Inggris (RAF) salah ngabom aréa Bezuidenhout, Dén Haag, nelasan 511 jalma.
  • 1958 – Nuri al-Said jadi perdana menteri Irak pikeun kadalapankalina.
  • 1974 – Pasawat Maskapai Turki 981 murag di Ermenonville di deukeut Paris, Perancis, nelasan sakabéh 346 jalma jerouenna.
  • 1985 – Lini 8,3 Mw narajang Wilayah Valparaíso, Chili, nelasan 117 jalma sarta ngabalukarkeun sajuta lianna leungiteun padumukan.
  • 1986 – Akta Australia 1986 dimimitian, ngakibatkeun Australia sapinuhna bébas ti Karajaan Inggris.
  • 1991 – Hiji vidio amatir ngarékam panganiayaan Rodney King ku patugas pulisi Los Angeles.
  • 2005 – James Roszko maéhan opat patugas Pulisi Panunggang Royal Kanada (singk. Inggris RCMP) nalika panggerebegan obat di padumukanna di Jambatan Rochfort, Alberta, tuluy maéhan manéh.
  • 2005 – Steve Fossett jadi jalma munggaran nu ngapungkeun pasawat ngurilingan dunya sosoranganan bari teu reureuh jeung teu ngeusi deui bahan bakar.
  • 2013 – Hiji bom ngabeledug di Karachi, Pakistan, nelasan saheunteuna 45 jalma sarta nyideraan 180 lianna dina hija aréa nu loba dieusi ku urang Muslim Syiah.

Nu babar

Nu pupus

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar

https://www.search.com.vn/wiki/en/March_3