9 Maret

12
3456789
10111213141516
17181920212223
24252627282930
31 

9 Maret nyaéta poé ka-68 dina sataun (ka-69 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 297 poé.

Kajadian

  • 1226 – Sultan Khawarazmi, Jalaluddin, nalukkeun Tbilisi, puseur nagri Georgia.
  • 1776Karaharjaan Bangsa buku meunang Adam Smith, ekonom jeung pilosop Skotlandia, dipedalkeun.
  • 1796 – Napoléon Bonaparte kawin ka pamajikanna nu kahiji, Joséphine de Beauharnais.
  • 1811 – Pasukan Paraguay ngéléhkeun Manuel Belgrano ti Argéntina dina Patempuran Tacuari.
  • 1815 – Francis Ronalds ngajéntrékeun béker batré nu munggaran dina Majalah Philosophical.
  • 1847 – Perang Méksiko-Amérika: Serangan pasukan ampibi gedé-gedéan nu munggaran dina sajarah AS dipesatkeun dina raraga Pangepungan Veracruz.
  • 1908 – Inter Milan diadegkeun.
  • 1942Perang Dunia II: Hindia Walanda taluk tanpa syarat ka Jepang di Kaljati, Subang, Jawa Kulon, ngaréngsékeun pangperangan Jepang ka Hindia Walanda.
  • 1945 – Perang Dunia II: Serangan bom seuneu peuting-peuting nu munggaran ku Angkatan Udara AS ka Tokyo, ngakibatkeun kira-kira 100.000 jalma palastra sarta leuwih ti sajuta urang leungiteun imah.
  • 1959 – Bonéka Barbie munggaran midang dina Paméran Cocooan Internasional Amérika di New York.
  • 1960 – Dr. Belding Hibbard Scribner munggaran nanemkeun shunt (samodél solobong) jieunanna ka saurang pasén, ngajadikeun pasén éta bisa narima hemodialisis tina liang nu maneuh.
  • 1967 – Pasawat Maskapai Trans World 553 Amérika, DC-9-15, murag di hiji tegal di Kacamatan Concord, Ohio, sabada diadu jeung hiji pasawat Beechcraft Baron, nelasan 26 jalma.
  • 1976 – Opat puluh dua jalma palastra dina musibah karéta gantung Cavalese di Italia, pangparah-parahna kacilakaan karéta gantung tepi ka kiwari.
  • 1977 – Panyanderaan Hanafi: Lumangsung 39 jam, Muslim Hanafi nyandera tilu wangunan di Washington D.C.
  • 1978Présidén Suharto ngarasmikeun Jalan Tol Jagorawi, jalan tol munggaran di Indonésia nu ngahubungkeun Jakarta, Bogor jeung Ciawi di Jawa Kulon.
  • 1997 – Komét Hale-Bopp: Kasawang di Cina, Mongolia jeung wétaneun Siberia.

Nu babar

  • 1903 – Wage Rudolf Supratman, nu ngarang lagu Indonésia Raya (td. 1938)
  • 1934 – Yuri Gagarin, kosmonot Rusia (td. 1968)
  • 1943 – Bobby Fischer, pamaén catur Amérika (td. 2008)
  • 1968 – Youri Djorkaeff, pamaén bola Perancis
  • 1968 – Rexy Mainaki, pamaén ganda batminton Indonésia
  • 1989 – Taeyeon, artis Koréa
  • 1991 – Marcus Gideon, pamaén ganda batminton Indonésia
  • 1993Suga, artis Koréa Kidul (BTS)

Nu pupus

  • 886 – Abu Ma'shar al-Balkhi, cendikia Muslim tur ahli nujum Abbasiah (l. 787)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Wirahma Nasional

Tumbu luar

https://www.search.com.vn/wiki/en/March_9