1944 – Gunung Vesuvius di Naples, Italia, bitu, nelasan 26 jalma sarta rébuan lianna ngarungsi.
1953 – Lini narajang Turki kulon, nelasan 265 jalma.
1962 – Kasapukan Évian ngaréngsékeun Perang Kamerdékaan Aljazair ngalawan Perancis nu geus lumangsung ti taun 1954.
1967 – Tanker raksasa Torrey Canyon kabanting di Basisir Cornish di Cornwal, Inggris.
1968 – Kongrés AS ngabatalkeun standar emas sarta mulangkeun deui mata duit AS.
1970 – Lon Nol nyingkirkeun Pangéran Norodom Sihanouk ti Kamboja.
1971 – Peru: longsor narajang Dano Yanawayin, nelassan 200 jalma di kémah panambangan di Chungar.
1980 – Hiji rokét Vostok-2M di Plesetsk Cosmodrome Lokasi 43, di Rusia, ngabeledug nalika keur ngeusi bahan bakar, nelasan 48 jalma.
1990 – Panggedé-gedéna kabangsatan dina sajarah AS, 12 lukisan saharga $500 juta di paling ti Muséum Isabella Stewart Gardner di Boston.
1994 – Bosniak Bosnia jeung Kroasia néken Pasini Washington, mungkas perang antara Républik Herzeg-Bosnia Kroasia jeung Républik Bosnia jeung Herzegowina sarta ngadegkeun Féderasi Bosnia jeung Herzegowina.
1996 – Hiji kleub peuting di Kota Quezon, Philipina, kahuruan, nelasan 162 jalma.
1997 – Buntut pasawat Rusia, Antonov An-24 beulah nalika keur ngapung rék ka Turki, akibatna pasawat murag sartra 50 urang panumpangna palastra.
2014 – Parlemén Rusia jeung Kriméa néken perjangjian panggabungan.
2015 – Muséum Nasional Bardo di Tunisia diserang ku jalma-jalma basanjata. Dua puluh tilu urang, ampir kabéh turis, maraot sarta saheunteuna 50 lianna taratu.
2018 – Vladimir Putin kapilih deui jadi présidén Rusia pikeun kaopat kalina.