Acéh

propinsi di Indonésia
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Indonesia.
Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun.

Acéh pindah ka kaca ieu. Keur kagunaan séjénna, tempo Acéh (disambiguasi).

Nanggröe Acéh Darussalam
نڠغرو اتچيه دارالشلام

Lambang Nanggröe Acéh Darussalam
نڠغرو اتچيه دارالشلام
"Pancacita"
(ti basa Sangsakerta nu hartina "Lima cita-cita")

Peta lokasi Nanggröe Acéh Darussalam
نڠغرو اتچيه دارالشلام
Koordinat2°-6° LU dan 95°-98° BT
Dasar hukumUU RI No. 24/1956
UU RI No. 44/1999
UU RI No. 18/2001
Tanggal penting7 Desember 1959 (poé jadi)
Ibu kotaBanda Aceh (baheulana Koetaradja)
GubernurIr. H. Nova Iriansyah, M.T.
Lega55.390 km2
Pangeusi 
  • 2.621.271 (1980)
  • 3.409.900 (1990)
  • 4.010.865 (2000)
Kapadetan80/km2
Kabupatén23
Kota4
Kacamatan227
Kalurahan/Désa5.862
SukuAceh, Gayo, Alas, Aneuk Jamee, Melayu Tamiang, Kluet, Devayan, Sigulai, Julu, Haloban,dll
AgemanIslam (97,6%), Kristen (1,7%), Hindu (0,08%), Budha (0,55%)
BasaAceh, Gayo, Indonesia dll
Zona waktuWIB
Lagu DaérahBungong Jeumpa

Ramatloka resmi: http://www.nad.go.id

(?)

Nanggröé Acéh Darussalam nyaéta hiji Daérah Istiméwa satingkat propinsi nu aya di Pulo Sumatra sarta mangrupakeun propinsi pangkulonna di Indonésia.[1]Daérah ieu wawatesan jeung Teluk Benggala di beulah kalér, Samudra Hindia di beulah kulon, Selat Malaka di beulah wétan, sarta Sumatra Utara di beulah kidul jeung wétan-kidul.[2]

Sanggeus tsunami di Acéh

Babagian Administratif

  • Kabupatén Acéh Kulon
  • Kabupatén Acéh Kidul Kulon
  • Kabupatén Acéh Besar
  • Kabupatén Acéh Jaya
  • Kabupatén Acéh Kidul
  • Kabupatén Acéh Singkil
  • Kabupatén Acéh Tamiang
  • Kabupatén Acéh Tengah
  • Kabupatén Acéh Tenggara
  • Kabupatén Acéh Wétan
  • Kabupatén Acéh Kaler
  • Kabupatén Bénér Mériah
  • Kabupatén Bireuén
  • Kabupatén Gayo Lués
  • Kabupatén Nagan Raya
  • Kabupatén Pidié
  • Kabupatén Pidié Jaya
  • Kabupatén Simeulué
  • Kota Banda Aceh
  • Kota Langsa
  • Kota Lhokseumawe
  • Kota Sabang
  • Kota Subulussalam

Industri

Acéh mibanda sajumlah industri gedé di antarana:

  • PT Arun
  • PT PIM
  • PT AAF
  • Lafarge Semen Andalas
  • ExxonMobil
  • CALTEX

Pertambangan

Pariwisata

Masjid Agung Banda Acéh
  • Masjid Raya Baiturrahman
  • Taman Putroe Phang
  • Pinto Khop
  • Kuburan Kerkhoff Peucut
  • Danau Laut Tawar
  • Danau Aneuk Laot
  • Iboih
  • Bénténg Indrapatra

Budaya

Pakakas gamelan

Pakakas Gamelan tradisional Acéh aya sababaraha rupa : Serunee kalee, kendang, canang, jeung rapai.[3]Serune kalee nyaéta instrumén tiup anu dijieun tina kai, kalawan palebah puhu leutik jeung tungtungna rubak ngawangun corong. Serune mibanda 7 liang pikeun ngatur  nada. Alat ieu biasana dianggo babarengan gender jeung rapai dina upacara-upacara atawa pikeun mirig  tarian-tarian tradisional.[3]

Basa

Masarat Acéh mibanda sababara basa anu dipaké pikeun komunikasi : Acéh, Alas Gayo, jeung Tamiang.[3]

Pakarang

Pakaranng urang Acéh anu kasohor tayalian ti Réncong, ieu sabangsaning péso balati pédah palebah puhu gagangna nyengklik ngawangun hurup"L". [4]

Ibing/tari

Aya sababaraha rupa ibing ti daérah Acéh kayaning : Tari Seudati, Tari Saman, Tari Pukat, Tari Sunan Gayo, Tari Guel,Tari Laweut, Tari Pho, jeung Tari Likok Pulo.Tari Seudati nyaéta tarian anu maénkeun ku 8 urang jeung 2 urang syahi minangka panyanyi, salah saurang diangkat jadi pimpinan anu disebut syekh. Tarian ieu teu dipirig ku instrumen musik. Irama jeung témpo tarian ditangtukeun ku irama jeung tempo lagu anu dibawakeun. Keunikan tarian ieu nyaéta dina kaparigelan, kecepatan, jeung kakompakan sakumna anu ngibing.[3]


Tempo ogé

Dicutat tina

Tumbu luar

Wikisource logo
Wikipabukon mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca
{{{link}}}