Bakung

Bakung
Lilium regale
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Liliales
Kulawarga:
Liliaceae
Génus:
Lilium
Spésiés:
baca artikel

Bakung nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina keluarga (Liliaceae).[1] Dina baasa Inggris disebutna lily, ieu genus mibanda kurang leuwih 110 spésiés.Disababaraha daérah, bakung mibanda ngaran anu béda-béda : Bakung Melayu, bakong Batak, semur Bangka, bakung bug makasar, dausa Ambon, pété Halmahera, fété-fété Termate, bakong Madura.[2]


Sebaran jeung Habita

Bakung loba kapanggih hirup di wewengkon Eropa, sabagean loba Asia nepi ka Jepang, ka kidulna nepi ka India, ka Indocina nepi ka Philipina. Ieu tutuwuhan bisa hirup di daerah pileuweungan, remen katempo hirup dipigunungan, sakapeung katempo hirup di tegalan jukut. Sawaréhna kapanggih hirup di rawa-rawa. Dina kaumumanna ieu tutuwhan bisa hirup kalawan subur, dina taneuh anu kaayaan haseum taneuhna saimbang.[2]

Ciri mandiri

Bakung jangkungna 60–180 cm, ngahasilkeun beuti handapeun taneuh. Di sababaraha spésiés Amérika Kalér, ieu beuti baris jadi rizoma.

Kembang bakung mibanda tilu kelopak kembang, kaangseu seungit, kalayan mibanda kelir konéng bodas, oranye, beureum ngora, beureum, wungu, kelir tambagga, aya anu nepika semu hideung. Aya ogé anu borontok.[2]

Guna jeung mangfaat

Sagigireun jadi papaés buruan, tutuwuhan bakung ogé mibanda kagunaan séjén, utamana tina daunna kayaning:

  1. Ngabantu nurunkeun nyeri tikoro
  2. Nambah kakuatan jeung kana awak karasa seger
  3. Ngubaran gannguan saré, Naha hésé saré atawa babari teuing saré
  4. Ngubaran raheut, ngurangan kaluarna getih[3]

Sabangsaning bakung

Dihandap ieu sababaraha jinis bakung anu geus dipiwanoh:

  • Lilium albanicum
  • Lilium amabile
  • Lilium amoenum
  • Lilium anhuiense
  • Lilium arboricola
  • Lilium auratum – Bakung Cahaya Emas Jepang
  • Lilium bakerianum
  • Lilium bolanderi
  • Lilium bosniacum - Bakung Bosnia
  • Lilium brevistylum
  • Lilium brownii
  • Lilium bulbiferum – Bakung Jingga
  • Lilium callosum
  • Lilium canadense – Bakung Kanada
  • Lilium candidum – Bakung Madonna
  • Lilium carniolicum
  • Lilium catesbaei
  • Lilium cernuum
  • Lilium chalcedonicum
  • Lilium columbianum
  • Lilium concolor
  • Lilium dauricum
  • Lilium davidii
  • Lilium distichum
  • Lilium duchartrei
  • Lilium fargesii
  • Lilium floridum
  • Lilium formosanum
  • Lilium grayi
  • Lilium habaense
  • Lilium hansonii
  • Lilium heldreichii
  • Lilium henrici
  • Lilium henryi
  • Lilium huidongense
  • Lilium humboldtii
  • Lilium iridollae
  • Lilium jankae
  • Lilium jinfushanense
  • Lilium kelleyanum
  • Lilium kelloggii
  • Lilium lancifolium - Bakung Macan
  • Lilium lankongense
  • Lilium ledebourii
  • Lilium leichtlinii
  • Lilium leucanthum
  • Lilium lijiangense
  • Lilium longiflorum – Bakung Paskah
  • Lilium lophophorum
  • Lilium maritimum
  • Lilium martagon – Bakung Martagon
  • Lilium matangense
  • Lilium medeoloides
  • Lilium medogense
  • Lilium michauxii – Bakung Carolina
  • Lilium michiganense
  • Lilium monadelphum
  • Lilium nanum
  • Lilium neilgherrense
  • Lilium nepalense
  • Lilium occidentale
  • Lilium oxypetalum
  • Lilium papilliferum
  • Lilium paradoxum
  • Lilium pardalinum – Bakung Macan Kumbang
  • Lilium parryi
  • Lilium parvum
  • Lilium philadelphicum
  • Lilium pinifolium
  • Lilium pomponium
  • Lilium primulinum
  • Lilium pumilum – Bakung Korea
  • Lilium pyrenaicum
  • Lilium pyrophilum
  • Lilium regale
  • Lilium rhodopaeum
  • Lilium rosthornii
  • Lilium rubescens
  • Lilium saccatum
  • Lilium sargentiae
  • Lilium sempervivoideum
  • Lilium sherriffiae
  • Lilium souliei
  • Lilium speciosum – Bakung Jepang
  • Lilium stewartianum
  • Lilium sulphureum
  • Lilium superbum
  • Lilium taliense
  • Lilium tianschanicum
  • Lilium tsingtauense
  • Lilium wallichianum
  • Lilium wardii
  • Lilium washingtonianum
  • Lilium wenshanense
  • Lilium xanthellum

Galeri

Dicutat tina

Citakan:Tumbuhan-stub