Jati

Jati
Pucuk jati dan buahnya
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Magnoliophyta
Kelas:
Ordo:
Lamiales
Kulawarga:
Génus:
Tectona
Spésiés:
T. grandis
Ngaran binomial
Tectona grandis
Linn. f.
Jati meranggas

Jati; dodolan; atawa sagon di India (Tectona grandis Linn.) nyaéta salah sahiji tutuwuhan tangkal tina genus Tectona nu asup kana kulawarga Verbenaceae.[1] Tangkal ieu dipikawanoh sabab kaina kaasup kelas luhur.[2] Kai na sok dipaké pikeun nyieun kapal, kareta api, galangan palabuan, jambatan, bahan konstruksi nepi ka furniture.[2] Di India, sababaraha bagian tina tangkal ieu dipaké keur nyieun obat.[2] [3]

Ciri-ciri

Jati mangrupa tangkal nu gedé. [3] Daunna gedé bari cahyaan na luhurna jeung aya buluan di handapna.[4] Kembangna leutik, warna ungu ngora semu bodas jeung kaatur kana kumpulan gedé.[4] Buahna mangrupa buah sikian wangun buleud diwangun kawas téstis;[4] mimitina warna héjo pias jeung bakal jadi coklat lamun geus datang mangsana.[4] Unggal buah miboga 1-4 siki.[4]

Referensi