Kuala Lumpur

Kuala Lumpur (/ˈkwɑːləˈlʊmpʊər/ atawa /-pər/; pronunsiasi basa Malaysia: [ˈkwalə ˈlumpʊr])[5] nyaéta ibukota nasional tur mangrupa dayeuh panggegekna di Malaysia.[6] Ieu dayeuh legana 243 km2 (94 sq mi) kalayan angkanan populasi 1.6 juta jiwa dina taun 2010.[6] Kuala Lumpur Raya, nu ngawengku wewengkon nu sarua jeung Léngkob Klang, mangrupa hiji jumplukan 7.5 juta urang pangeusi dina taun 2012.[7] Ieu téh mangrupa wewengkon métropolitan pangkencengna di Asia Kidul Wétan, nu patali jeung populasi katut ékonomi.

Wilayah Persekutuan Kuala Lumpur
Lianna transkripsi
 • Jawiكوالا لومڤور
 • Cina吉隆坡
 • Tamilகோலாலம்பூர்
Saarah jarum jam ti luhur kénca: Munara Kembar Pétronas, Jalan Petaling, Masjid Jami' jeung tepungna walungan Gombak/Klang, Monumén Nasional, Masjid Nasional, skyline KL. Tengah: Munara KL
Saarah jarum jam ti luhur kénca: Munara Kembar Pétronas, Jalan Petaling, Masjid Jami' jeung tepungna walungan Gombak/Klang, Monumén Nasional, Masjid Nasional, skyline KL. Tengah: Munara KL
Bandéra Wilayah Persekutuan Kuala Lumpur
Bandéra
Ségel resmi Wilayah Persekutuan Kuala Lumpur
Ségel
Ngaran jujuluk: 
KL, Kota Taman Cahaya
Motto: 
Maju dan Makmur
(Basa Sunda: Maju tur Makmur)
NagaraBandéra Malaysia Malaysia
Wewengkon Féderal Kuala Lumpur
Wewengkon administratif
Ngadeg1859[1]
Dilélér status kota1 Pébruari 1972
Dilélér Wewengkon Féderal1 Pébruari 1974
Pamaréntahan
 • Walikota (Datuk Bandar)Ahmad Phesal Talib
Lega
 • Kota243 km2 (94 sq mi)
 • Métro
2,243,27 km2 (0,86.613 sq mi)
Luhurna
21,95 m (72 ft)
Pangeusi
 (2010)[4]
 • Kota1,627,172 (ka−1)
 • Kapadetan6,891/km2 (17,310/sq mi)
 • Métro
7,200,000[3]
 • Kapadetan métro6,581/km2 (17,04/sq mi)
 • Démonim
KL-ite / Kuala Lumpurian
Human Development Index
 • HDI (2010)0.795 (high) (2nd)
Zona wanciUTC+8 (MST)
 • Usum Panas (DST)UTC+8 (Henteu katitén)
Kode pos
50000 tepi ka 60000
Mean solar timeUTC + 06:46:48
Kode telepon nasional03
Hurup hareup pelat nomerW (keur sakabéh tutumpakan kajaba taksi)
HW (keur taksi wungkul)
ISO 3166-2MY-14
Ramatlokawww.dbkl.gov.my

Kuala Lumpur mangrupa panyicingan Paremén Malaysia. Ieu dayeuh kungsi sakali jadi panyicingan cabang éksekutif katut pangadilan pamaréntahan féderal, tapi tuluy pindah ka Putrajaya dina awal taun 1999.[8] Sababaraha bagian pangadilan nyésa kénéh di ibukota Kuala Lumpur. Panyicingan resmi Raja Malaysia, Istana Negara, ogé perenahna di Kuala Lumpur. Dipeunteun minangka dayeuh dunya alpha, Kuala Lumpur mangrupa puseur budaya, kaduitan katut ékonomi Malaysia alatan posisina minangka ibu kota katut kota utama. Kuala Lumpur meunang réngking ka-48 di antara kota global dumasar kana Indéks Kota Global[9] nu diayakeun ku Foreign Policy taun 2010 sarta réngking ka-67 di antara kota global keur inovasi ékonomi katut sosial dumasar kana Indéks Kota Inovasi nu diayakeun ku 2thinknow taun 2010.[10]

Kuala Lumpur kawangen ku wates Wewengkon Féderal Kuala Lumpur tur mangrupa salah sahiji tina tilu Wewengkon Féderal Malaysia.[11] Mangrupa daérah kantong di jero nagara bagian Selangor, di basisir kulon tengah Jojontor Malaysia.[12]

Ti taun 1990-an, ieu kota geus jadi tuan rumah kajadian olahraga, pulitik katut budaya mancanagara kaasup Commonwéalth Game 1998 katut Grand Prix Formula One. Kuala Lumpur ogé jadi tempat wangunan kembar pangluhurna di dunya PMunara Kembar Pétronas, nu jadi simbul kamekaran Malaysia keur pika hareupeunana.

Hubungan mancanagara

Jalan Isfahan  (saméméhna Jalan Selat) di Kuala Lumpur (luhur) sarta jalan raya Kuala Lumpur di Isfahan (handap).

Kota dulur

Kuala Lumpur kiwari boga sawelas kota dulur:

  • Malacca City, Malaysia.[16]
  • Casablanca, Morocco.[16]
  • Citakan:Country data PAK Karachi, Pakistan.[20]

Tempo ogé

  • Kuala Lumpur Raya
  • Putrajaya
  • Cyberjaya

Rujukan

Tumbu luar