Musium
Musium atawa muséum nyaéta gedong pikeun nongtonkeun rupa-rupa barang kuna atawa kahot, ari di Jakarta sok disebut Gedong inten atawa Gedong Gajah[1].
Rupa-Rupa Musium
Numutkeun asal koléksi
- Musium Umum, nyaéta musium anu koléksina téh aya patalina kana disiplin ilmu, téhnologi jeung seni[2].
- Musium Husus, nyaéta musium anu koléksina ngan saukur patali jeung sawidang disiplin ilmu[2].
Numutkeun Kalungguhanana
- Musium tingkat Nasional, nyaéta musium anu koléksina ti sakuliah nusantara[2].
- Musium tingkat Regional, nyaéta musium anu koléksina ti wilayah provinsi anu tangtu[2].
- Musium tingkat Lokal, nyaéta musium anu koléksina ti wilayah kabupatén atawa kotamadya nu tangtu[2].
Numutkeun nu ngokolakeunana
- Musium Pamaréntah, nyaéta musium anu dikokolakeun jeung diurus ku pamaréntah[2].
- Musium Swasta, nyaéta Musium anu dikokolakeun jeung diurus ku pihak swasta[2].
Numutkeun wangunanana
Rupa-Rupa Pengunjung Musium
- Tipe barudak, biasana leuwih resep ningalian, nyo'o rupa-rupa barang , jeung teu pati resep maca pedaran ngeunaan barang-barang nu aya[2].
- Tipe nu nyorangan, datangna ngan saukur sakeudeung ukur ningalian jeung maca pedaran hungkul, leuwih resep kaulinan anu sifatna interaktif[2].
- Tipe kelompok anu sapasang-sapasang, biasana rada lila kunjunganana, leuwih resep maca pedaran sangkan leuwih jéntré, teu pati resep kana kaulinan interaktif jeung teu resep ngobrol jeung guide anu aya di musium[2].
- Tipe komunitas sosial, datangna sakeudeung-sakeudeung, resep ngabanding-bandingkeun antara gagasan jeung pedaran ka guide, teu pati resep maca pedaran sacara taliti, jeung tara ngobrol[2].
Referensi
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
🔥 Top keywords: TepasGambar:Logo PT Kereta Api Indonesia (Persero) 2020.svgWikipedia:NgeunaanKecap kantétan (basa Sunda)Portal:PanglawunganKecap rajékan (basa Sunda)Wikipedia:PitulungPerang Dunya IIGambar:Cepot Wayang.jpgGambar:Congklak.jpgPortal:EusiWikipédia:Taros kamiWartaBiantaraWikipedia:Bantahan umumPortal:Keur lumangsungSajak SundaWikipedia:PangwanohWikipédiaGuguritanPakeman basaNovelFotoSahadat buhunCareuh bulanKecap (basa Sunda)Siti Hardijanti RukmanaHusus:SungsiWikipedia:PangunjalanPupuhPadalisanWikipedia:SawalaWikipedia:BéwaraPurwakantiKawihHusus:AnyarRobahBandung TVJangjawokanKecap sulur