Réunion

  1. ALIH Citakan:Disambig info

Réunion (Basa Prancis: La Réunion, IPA: [la ʁeynjɔ̃] ( dangukeun); baheulana Île Bourbon) nyaéta hiji pulo pibogaan Perancis kalawan padumuk kira-kira 800.000 aya di Samudra Hindia, wétaneun Madagaskar, kidul-kuloneun Mauritius. Sacara administratif, Réunion mangrupa salasahiji departemén peuntas laut Perancis. Kawas departemén peuntas laut lianna, Réunion ogé mangrupa salasahiji 27 région (minangka hiji région peuntas laut) jeung hiji bagian integral ti Républik kalawan status nu sarua jeung nu aya di daratan utama Éropa.

Réunion mangrupa hiji région luar ti Uni Éropa sarta, salaku departemén peuntas laut ti Perancis, mangrupa bagian ti Eurozone.[1]

Pulitik

 Artikel utama: Pulitik Réunion.

Réunion ngintunkeun 5 députi ka Majelis Nasional Perancis jeung 3 sénator ka Sénat.

Arrondissement, kanton, jeung komune

 Artikel utama: Arrondissement di departemén Réunion, Kanton di departemén Réunion, jeung Komune di departemén Réunion.

Sacara administratif, Réunion dibagi kana 4 arrondissement, 24 kanton, jeung 24 komune.[2] Wewengkon ieu mangrupa département peuntas laut Perancis ogé mangrupa région Perancis.

Komunitas utama

  • Les Avirons
  • Bras-Panon
  • Cilaos
  • Entre-Deux
  • L'Étang-Salé
  • La Plaine-des-Palmistes
  • Petite-Île
  • La Possession
  • Le Port
  • Saint-André
  • Saint-Benoît
  • Saint-Denis
  • Saint-Joseph
  • Saint-Leu
  • Saint-Louis
  • Sainte-Marie
  • Saint-Paul
  • Saint-Philippe
  • Saint-Pierre
  • Sainte-Suzanne
  • Sainte-Rose
  • Salazie
  • Trois-Bassins
  • Le Tampon

Transportasi

 Artikel utama: Transportasi di Réunion.

Bandar Udara Roland Garros, ngurus pangapungan ka Madagaskar, Mauritius, Afrika, Australia, jeung Éropa ngalayanan wewengkon ieu. Bandar Udara Pierrefonds, hiji bandar udara nu leuwih leutik, miboga sababaraha pangapungan ka Mauritius jeung Madagaskar.

Média

Koran

Journal de l'île de La Réunion J.I.R. (Journal de l'Île de la Réunion).

Le Quotidien [1]

Pilem

Internet Movie Database nyebutkeun 2 pilem miboga Réunion minangka lokasi panyandakan gambarna: Mississippi Mermaid (1969) jeung dokuméntér Johnny Backstage (2005).

Televisi

Antenne Réunion [2]

Réunion 1iére [3]

Média online

Z'infos974 [4]

Linfo [5]

Tempo ogé

  • Babagian administratif Perancis
  • Budaya Pulo-Pulo Samudra Hindia
  • Didier Agathe
  • Laurent Robert

Rujukan

Bibliograpi

Tumbu kaluar

Réunion ti angkasa (gambar NASA). Piton de la Fournaise, di kidul-wétan, dihalangan ku méga.
Pamaréntah
Vidéo
Informasi umum

Citakan:Réunion topics

Citakan:Regions of FranceCitakan:Departments of France

Citakan:History of Africa 55°31′57″E / 21.11444°S 55.53250°E / -21.11444; 55.53250